Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/231

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

229

sada ngangklung tjikurantung, djogdjog anu djodjogedan, sondari nu gunungsari.

25.Ngan gagak nu tukang sěnggak, kidang² sada anu ngarinding, pujuh gonggong sada děgung, tando anu badinda, walik² tingtjarěluk sada běluk, djawawut sada njalawat, geuri mah ngan bati seuri.

26.Adjag nu ngigěl badjigdjag, untjal² sada nu ngawih midjil, munding² ngawih kidung, dadali dangdanggula, ari peutjang ngatjatjang djeung tembang putjung, kumbang² těmbang lambang, langgir anu maen djungkir.

27.Mun angkat ngaliwat rantja, kidjing² teu tjitjing lir ngagondjing, kuja-kuja nu kulaju, rarong nu babarongan, běrod-běrod sili sered meh bararud, sěpat sěpat balap lumpat, hurang-hurang ngahariring.

28.Kantjra tjara anu měntja, djatun² anu lagu manintin, gabus anu laku děbus, lauk 'mas udan ěmas, uling² ngalingling djeung sada njalung, mun bogo siga ngalaga, djěler anu ngigěl silir.

29.Kabeh sato ngabibingah, taja pisan nu wani hiri děngki, sěmu nu ngiring nunuhun, marga kawiludjěngan, Nji Manetja Manetji oge teu suwung, tjarita haharewosan, di pungkureun para Putri.

30.Omongna Njai Manetja, ka Manetji atjeuk bareto manggih, tjarita ti batur², Sang Ratu Saksaria, anu mangkon nagri di bumi pingpitu, putrana kamashur pisan, sakti manggulang-mangguling.

31.Djěněngan Ratna Suminar, gagah rosa hanteu aja nu wani, pada sumudjud taraluk, sipat bangsa kadjinan, rasa atjeuk moal gagal ieu tangtu, hěnteu geseh tina bedja, adatna wani tur běngis.

32.Tina sabab eta urang, kudu pisan lampah teh ati², bisi matak djadi běndu, lantaran geus kawěntar, ieu Putri lamun ka nu teu panudju, taja hampura timbangan, nu salah tuluj dipeuntjit.

33.Malah² bedjan mah, aja guha kagungan ieu Putri, ngaranna si Bungbungümur, bandjar karang panjiksan, ĕnja eta paranti njiksa nu luput, nu teu nurut ka andjeunna, kitu bedja anu sidik.

34.Atjeuk mah paur katjida, sieun njorang lampah ĕngke di ahir, laku anu teu kapanduk, tangtos moal ngampura, Nji Manetji ngawangsul nja kudu tuhu, mintonkeun lampah satia, pěrtiti anu migusti.