Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/232

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sinom

1.Gantjangna ieu tjarita, tunda heula para Putri, di těgal si Awat² katjatur Sang Raraspedi, nu rek ngarugrug djurit, djeung kabeh wadya soldadu, teu atjan keneh djěngkar, margi ngantosan Sang Putri, ěnja eta Sang Adjěng Ratna Suminar.

2.Masih keneh masanggrahan, dietang sataun leuwih, dina těgal Langlangsona, harita Sang Raraspedi, di panggung nudju linggih, sarěngan raka Sang Guru, Raden Mas Gěndarata, teu lami Sang Raraspedi, njaur alon tina bawaning kewědan.

3.Ajeuna kang rai susah, anu hanteu aja tanding, mikir ieu kalakuan, kumaha sangkan ngadjadi, kana geusan lastari, laku lulus nu rahaju, laksana pamaksadan, beutining paměrih ati, nu ditěda těrbuka djalan laksana.

4.Tapi mun kaja kieu mah, měnggah emutan kang rai, těbih kana enggal², ngadjadi anu dipambrih, asup basa kiwari, madju mundur moal udjur, kadangkala tumiba, kairid ku lain-lain, djadi sipat manusa pangeusi alas.

5.Kawuwuh nu diantosan, Putri djin pusering bumi, lěběng něpi ka ajeuna, ka dieu teu datang deui, sakieu ěnggeus lami, diitung djědjeg sataun, lamun kaja kieu mah, kawasna tumuluj balik, djeung piraku tatjan laksana maksudna.

6.Djadi rai tambah susah, ari arek balik deui, wangsul ka nagri Banuja, tangtos Putiasukmadji, běnduna leuwih², pinasti ngahukum gantung, ari kang rai kebat, asup ka Riskomar nagri, taja pikeun maksud anu saěnjana.

7.Ku margi eta kumaha, pětana sangkan lastari, kaluar ti sakieuna, marga kang rai sajakti, waktu ieu teh pikir, kalawan anu satuhu, hanteu ngalalangkungan, siang-wěngi nu dipuhit, mung ngambangkeun kana sugri hodjah kakang.

8.Ngawangsulan Gěndarata, ka Sang Ratu Raraspedi, abdi Dalěm panuhunan, rebu-rebuning pamugi, teu sae lěbět galih, tjumeungtjeum, sipat kaewuh, pědjah kasatiaan, sisip ku djalan prihatin, ngabubarkeun babaran dikasabaran.

9.Pamugi gumantěng manah, nunuhun ka Maha Sutji, enggal těrbuka laksana, sugri anu dipigalih, kalajan abdi Gusti, ajeuna bade piun-