Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/233

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

231

djuk, Adjěng Ratna Suminar, dina dintěn ieu sumping, pasosontěn kintěn-kintěn tabuh lima.

10.Samalah-amalah kantěnan, sarěng Sang Dewi Pramanik, Rěsi sipat Kadewian, diiring ku dua istri, urang Sagara keusik, bangsa siluman saestu, ku margi eta kědah, pangěrsa Gusti sajagi, pahormatan ka Adjěng Ratna Suminar.

11.Sarěng bilih teu uninga, Gusti ka Dewi Pramanik, garwa Sang Purnama Alam, nu baris kana ngadjait, tina geusan prihatin, nimbulkeun nu asal-usul, ngabasmi sipat murka, Gusti teh pamugi-mugi, kědah kěkěl něda pěrtulunganana.

12.Margi Sang Pramanik eta, njangking sěndjata sadjati, pědaran bangsa karamat, titisan ti para Wali, malah Sang Ratu Putri, parantos tumut gumuru, sipat kasampurnaan, ka Sang Dewi Paramanik, tigin ngankěn paguron dunja-aherat.

13.Sakitu anu gagahna, bisa ngambah ing wiati, Sang Adjěng Ratna Suminar, dumugi ka ngintil², manahna hěnteu wani, laku nu djudjur murudul, malah-malah ajeuna, djĕngkarna teh para Putri, angkat njatjat djadjahan ngadampal lěmah.

14.Kapaksa tědak manusa, katarik ku Sang Pramanik, dupi pisumpingeunana, ti beulah kidul pinasti, ájeuna moal lami, sarumping ka Sulungtubu, milahir Sang Sri Nata, dibarung gumira galih, atuh mangga urang papag ku sadaja.

15.Teu lami Ratu Banuja, sareng Patih para mantri, lalungsur ti pasanggrahan, bade mapag para Putri, gantjangna nu digurit, geus sumping Sri Maha Ratu, ka těpis-wiring těgal, liren sami hempak tjalik, sahandapeun kakajon pangeusi alas.

16.Ngantosan nu rek dipapag, tjaralik bari dipirig, ku lělěson korontjongan, baris ngahormat nu sumping, Sang Dewi djeung Sang Putri, gantjangna anu ditjatur, teu geseh ti panorah, tabuh lima memeh magrib, Sang Pramanik djeung Adjěng Ratna Suminar.

17.Sumping nudju ka nu mapag, iběrna tjahja duměling, gumilang bati guměbjar, lir tjahja běrlian kuning, serab anu ningali, lajungan saSulungtubu, kotjapkeun anu mapag, barang ret sami ningali, ngararaděg hormatan ku bangsa doa.

18.Nganuhunkeun kana sihna, pitulung Rabul 'alamin, tiasa deui patěpang, sareng Sang Ratu Putri djin, anu tadi maparin, djimat ali anu mandjur, ngaran si Padaringan, njěgěrkeun wadya pěrdjurit, salawasna teu kirang ku papanganan.

19.Para ponggawa Banuja, pramantri tjarik ngabei, hempak djongkok