Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/234

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

232

sadajana, serab isin ku praputri, Sang Adjěng Sang Pramanik, gantjangna parantos těpung, sarěng Ratu Banuja, Ratna Suminar teu lami, tandang dangah njaur ka Ratu Banuja.

20.Lah paman Ratu Banuja, kuring nuhun laksa kěti, dikadar deui patěpang, tanda jen sami walagri, hanteu njorang balai, Ratu Banuja ngawangsul, bari ongko-ongkoan, djeung gumuju sěmu isin, sawangsulna paman kitu pamaksadan.

21.Ajeuna sumangga enggal, di dieu tong lami-lami, Sang Adjěng ka pasanggrahan, njumanggakeun Ratu Putri, gantjangna hanteu lami, ti dinja djěngkar ka panggung, Pramanik Adjěng Ratna, reudjeung Manetja-Manetji, nu ti pajun diiring ku sadajana.

22.Katjaturkeun geus sumpingna, di panggung sami lalinggih, Pramanik Ratna Suminar, sami linggih dina korsi, Sang Ratu Raraspedi, nu majunan rada djauh, djeung Raden Gěndarata, katilu Aria Patih, para mantri hempak ngaberes di handap.

23.Dewi Pramanik lěnggahna, ngarendeng sarěng Sang Putri, ari sapungkureunana, Manetja reudjeung Manetji, sarta Dewi Pramanik, nambahan tümurun wahju, sipat bangsa maunat, titisan para Batari, bati mubjar ku tjahaja pangabaran.

24.Sadajana anu ningal, bopati patih pramantri, tumungkul teu wěrat tanggah, serab ku Dewi Pramanik, djaba ti matak isin, gěder sieunna kalangkung, leuwih ku Adjěng Ratna, pangabaran Sang Pramanik, wantu ngagěm sendjata para Dewata.

25.Sri Maha Ratu Banuja, ngandika ka Ratu Putri, paman sakalangkung heran, margi Sang Adjěng ku lami, dugi sataun leuwih, kumaha margina kitu, naon marga pamběngan, paman njuhunkeun pawarti, hanteu lami ngawangsul Ratna Suminar.

26.Oh paman kuring margina, pang ělat ku sabab leuwih, banggana nu dipimaksad, těpung gělang kolong langit, ti beurang djeung ti peuting, lumaku teu mundur napsu, lamun lain ku lampah, djalan ngambahing wiati, kadangkala tudjuh taun mo kapěndak.

27.Tiněmu soteh ku asal, tigin paměrih nja ati, tekad mitjeun raga njawa, sumeuseuh njipuh djasmani, ngalap elmu ka rěsi, geusan panungtun rahaju, mudjidjat kanabian, sipat agama nu sutji, anu djadi lantaran tiasa těpang.

28.Djeung paman bisi teu těrang, anu didjugdjug ku kuring, lantaran maksud něpangan, nja ieu anu sajakti, Sang Dewi Paramanik, Rěsi ti gunung Binarum, malah² ajeuna, diri kuring geus ngadjadi, pangkat tjatrik santri nu pangkadeuheusna.