Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/235

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

233

29.Malah geus dianggap badal, purah njiar pikeun santri, djeung saha nu teu pěrtjaja, ka Rěsi Dewi Pramanik, tangtu pisan ku kuring, diadjak urang bersmabung, njoba² kabisa, tukeur-patukeur nja pikir, naon bae teu pilih djin djeung manusa.

30.Sumawonna lamun aja, anu taja tata-titi, taladjak nu kurang adab, ka Rěsi Dewi Pramanik, kawas-kawasna kuring, ka djalma sarupa kitu, pinasti moal aja, sir ati geusaning adil, djol disamběr sina paregat njawana.

31.Nja kitu deui ajeuna, sugri anu pada hadlir, dina ieu pasanggrahan, pamenta kuring pribadi, kudu pada babakti, ku tekad anu satuhu, djalan kasatiaan, ka ieu Rěsi Pramanik, pendekna mah kudu ngambangkeun kěrsana.

32.Saha² anu baha, teu nurut ka omong kuring, tanda aja tjita-tjita, pikir kana njangking wani, ngadjalankeun toh pati, ka diri kuring nu estu, ngaran Ratna Suminar, putri djin pusering bumi, anu purah ngadjadjah neangan lawan.

33.Ngawalon Ratu Banuja, oh Adjěng tong kitu lahir, margi měnggah sadajana, nanggěl moal gaduh pikir, kana hěnteu gumusti, tangtos sami² tumut, sanadjan paman pisan, taja pěta gindi pikir, bade maksad satia tumut pangěrsa.

Midjil

1.Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, ladjěng njaur alon, ka kěrěsa Sang Ratu Pinutren, měnggah atjeuk anu sajakti, ka aji rek wakil, sagala pamaksud.

2.Pikeun saur ka para bopati, nu anjar tiněmon, margi tatjan ngalěmah nja hate, bilih atjeuk kirang pěrjogi, wantu urang sisi, luput tindak-tanduk.

3.Tina margi ku sanes paragi, ngaběnkeun tjarios, sinarěngan bangsa pragěgěden, ngawangsulan Sang Ratu Putri, ka Dewi Pramanik, dibarung gumuju.

4.Měnggah diri rai … sajakti, ku atjeuk dianggo, wakil njanggěm ka para dipaten, estu sanggěm hěnteu sumingki, sugrining panglahir, mung sumědja tumut.

5.Hanteu lami těras deui Putri, ka Ratu njarios, kieu paman nu matak kuring teh, datang sareng Rěsi Pramanik, maksad rek badami, djeung paman saestu.