Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/236

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
234

6. Asal paman pang indit ti nagri, Banuja karaton, tugur tundan ngadjalankeun gawe, ngawakilan rasěksa djurig, Putia Sukmadji, rek ngarurug němpuh.

7. Arek nangkěp Sang Pramajon Adji, dibunuh dibojong, estu anu taja salahna teh, ahir² arek dibasmi, nagrina dilindih, sina luděs tumpur.

8. Rasa kuring ajeuna mah měnding, malik nja ngorojok, Sanag Putia urang basmi bae, pikir kuring sanggup teh teuing, djadi senapati, kana nulung němpuh.

9. Paman ulah aja gimir risi, ku Putia Katong, duměh aja bedja gagah sakten, kuring udjub rasa mustahil, hanteu bisa djadi, beuheungna katiruk.

10. Tapi lamun paman kěbat pikir, rek těrus ngorojok, ka Sri Maha Ratu Pramajon teh, diri paman ěngke balai, pinanggih djeung pati, sabab kuring tangtu.

11. Kana nulung djadi senapati, ngaping Sang Pramajon, tangtu paman anu katiruk teh, tilas patjing ku pědang kuring, dina medan djurit, baladna ditěmpuh.

12. Sang Banuja ngandika ka Putri, paman nu sajaktos, nadjan taja saur Adjěng Putren, njaram ulah rek těras indit, ka Riskomar nagri, ngorojok ngarurug.

13. Paman oge hěnteu aja pikir, ka Ratu Pramajon, gana-gana gawe kumawanen, ngadjalankeun ngarurug djurit, emutan mustahil, tjampělak ka sěpuh.

14. Kieu soteh emutan manawi, aja sih Jang Manon, nitis tulis geusaning katete, kana djalan pinanggih djadi, walagri prawargi, mulus para sěpuh.

15. Kitu deui Sang Putri milahir, bade wělas abot, ngěrěsakeun nulung ka paman teh, bade nangkěp Maha Narpati, Putia Sukmadji, paman katur nuhun.

16. Margi eta anu dipitigin, di djěro pangraos, anu mawi dugi sakieu ge, dibelaan tilar nagari, jaktosna milari, těrbuka rahaju.

17. Djalan geusan pinanggih lastari, lesot ti prihatos, jasa njait prasěpuh sakabeh, sareng wargi anu balai, leungit tanpa lěbih, musna hěnteu těmbus.

18. Sang Putri djin pok ngalahir deui, ka Sri Mahakatong, rasa kuring hěnteu kědah bae, ditěraskeun eta panglahir, kuring ge geus ngarti, kana asal-usul.

19. Engke oge di ahir kapanggih, nu sae nu awon, ajeuna mah urang