Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/237

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
235

mikir bae, akal malar tereh nja hasil, sugri nu dipambrih, salamět rahaju.

20. Něda² pitulungna sihing, Pangeran Jang Manon, sapanědja urang teh teu geseh, bisa numpěs si djuru djulig, urang malěs pati, sing něpi ka tumpur.

21. Gantjangna teh ieu nu digurit, sabada tjarios, Radja Putri ngalirik ngareret, langkung kaget salěbět galih, wirehing ningali, aja anu ngangluh

22. Enja eta Gendarata Rěsi, murubut tjipanon, nangis tungkul pajuneun Pinutren, kawas měndak geusan kasedih, teu lami Sang Putri, imut bari njaur.

23. Tjoba paman arek nanja kuring, ku tatjan ngahartos, kana asal paman pang nangis teh, tina sabab mohal teh teuing, hěnteu aja awit, nangis teu pupuguh.

24. Nu kapikir ku kuring pinasti, aja pasal abot, nu tumantjěb di manah paman teh, kasědihan dumugi djadi, sěpi galih tigin, tjul katěguh kalbu.*

25. Leungit titi babaran raspati, lir lain paněmon, anu ngagěm pangkatha kadjaten, sisip galih ku djalan sědih, margi eta mugi, ku paman pisaur.

26. Anu djadi pang ririwit galih, nunggarakeun raos, da mustahil taja margina teh, anu djadi těrěsna leuwih, Gěnda henteu lami, ka Putri ngawangsul.

27. Měnggah diri pun paman nu mawi, teu tahan tjipanon, tina langkung raos poek hate, nampi sihing Jang Maha Sutji, ngajugakeun diri, pun paman nu estu.

28. Rupi² anu geus katampi, sinareng karaos, suka-duka katete sakabeh, ti sabarang pun paman hurip, hanteu aja deui, ngan rugi djeung untung.

29. Suka untung ajeuna katampi, gumira pangraos, di pajuneun sadaja gěgěden, hanteu aja hinggana ati, dumugi ngadjadi, kana basa sěpuh.

30. Lenggang padang taja aling², raraosan plungplong, tina margi parantos tumetes, njorang kadar bagdjaning diri, těpang djeung praputri, anu sami luhung.

31. Anu bakal ngadjait prihatin, tawis wělas abot, dupi anu ngadjadi duka teh, tina margi ngemutkeun awit, pang nandang balahi, djadi djuru ngungun.

32. Sarat harkat leungit tanpa lebih, ngadjadikeun helok, hanteu lami Sang Ratu Pinutren, měgat saur Sang Gěnda Rěsi, djeung bari lumirik, dibarung gumuju.