Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/239

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

237

wadjib ka alo, dupi putra nu kadua, ngaran Dewi Kania, juswa opat bělas taun, hanteu atjan tjarogean.

13.Nu katilu deui istri, kabeh saibu-sarama, dupi djěněnganana teh, Dewi Pramanik katělah, kintěn² juswana, harita anu kaemut, satěngah taun mo kirang.

14.Dirorok ku hidji mantri, kadeuheus djuru paměngkang, purah beberes karaton, leuwih² diasihna, Mantri ku Sang Srinata, lantaran boga paněmu, kataekan ku adjian.

15.Ngadji elmu kaom Nabi, malah djadi panarosan, palak panorahan hate, wastana anu katělah, Mantri Muhamad Kurbah, saderek ibuna Ratu, sami těrahing Ambarak.

16.Dupi eta Prameswari, Siti Binarum nu kongas, ngagěm tawis songsong djěne, waktos harita pun paman, diangkěn ku sadaja, Sang Sunu gadangan Ratu, nu baris mangkon Ambarak.

17.Harita djěng rama Gusti, nimbalan ka diri paman, kudu ngalap elmu hade, pasal haliah agama, ka bangsa prapandita, nja harita paman těrus, masantren ka Ragatoja.

18.Pandita Komartohidi, dikintěn-kintěn lamina, ngadji elmu di pasantren, tilu taun moal kirang, teu lami těras mulang, sarta idinna Sang Guru, pandita di Ragatoja.

19.Paman těras bae balik, ti pasantren Ragatoja, sarěng sadaja pragandek, mung paman duka kumaha, hanteu těrang di djalan, tilu taun kapidangdung, bět sasab kalunta-lunta.

20.Paman těras mudjasmedi, dina satěngahing djalan, něda těrbukaning hate, ka Gusti Anu Kawasa, nu murah ka mahlukna, nja harita turun wahju, suara tan katingalan.

21.Panglahir anu kakuping, pokna aeh Gěndarata, udjang waktu ajeuna teh, poma kudu sing wajahna, kěkělan kasabaran, ulah gugup ngandung bingung, ingětkeun bagdjaning awak.

22.Papasten Gusti Jang Widi, Allah anu murbeng alam, jen udjang njorang prihatos, moal pinanggih djeung bapa, tatjan puguh lilana, sabab ama udjang estu, geus teu aja di nagara.

23.Tuang ibu oge leungit, djeung saderek anu dua, malah saeusi karaton, koki djongos para ěmban, sakabeh oge musna, Aria Patih nja kitu, geus teu aja di nagara.

24.Tapi mun udjang ka nagri, tangtu moal salin tingal, ka ibu djeung ka rama teh, sarěng ka Aria Patya, sabab nu ngagantina, sapasang dugi saliru, rupina djeung kakasihna.

25.Pang udjang ajeuna lali, kapidangdung luluntaan, djalan leuweung