Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/240

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
238

sima ganggong, nguriling di luar kota, lantaran katibaan, wisajana djuru těnung, sipat duruwiksa murka.

26. Ajeuna di djěro puri, lain ibu-rama udjang, estu bangsa djurig tulen, samalah-malah patihna, bangsa keneh rasěksa, lain Gěndasoring istu, setan njalin-njalin rupa.

27. Ngan ajeuna udjang misti, ati tigin kana sabar, ulah rek aja wawanen, něpungan ka eta Radja, bisina ngabinasa, sabab udjang teh tinangtu, mun ngalawan moal kuat.

28. Ajeuna mah udjang misti, ngababakan luar kota, masing tětěp bumen², itung-itung minangkana, udjang nungguan uga, nu bakal djalan rahaju, ngarawat karaton asal.

29. Ngan udjang kudu ngahidji, djeung Ratu nagri Banuja, Maha Raraspedi Katong, bantu sagala sagala kersana, hampang beurat lakonan, sabab tinngtu tiněmu, těrbuka kana waluja.

30. Tjirikeun engke di ahir, mun ieu Ratu geus aja, maksudna kana ngabojong, ka Ratu nagri Riskomar, eta kana mangsana, ieu Ratu teh tiněmu, apěs kadjajaanana.

31. Sakitu eta pawarti, anu kakuping ku paman, nu nampi rungu pangraos, nja harita paman těras, nurut saungěl sora, bubuara buru², mabakan di luar kota.

32. Nja paman kana dumugi, kumawula ka Sri Maha, Ratu rat Banuja Katong, naon² pangěrsana, ditumutkeun ku paman, lamina anu kaemut, ti awit dugi ajeuna.

33. Tudjuh bělas taun leuwih, lěbět sakitu lamina, pun paman teu wěleh², mudjasmedi njipuh raga, něda-něda těrbuka, waluja miwah rahaju, laksana sapangarěpan.

34. Nja dongkap waktu kiwari, patěpang sarěng sadaja, rengrengan para Pinutren, anu sami aja manah, nulung ka nu keur baja, Sang Putri barang ngadangu, lampah Raden Gěndarata.

Dangdanggula

1. Langkung kaget manahna Sang Putri, ngadangukeun saur Gěndarata, djeung teu pětot rurat-reret, dibarung ku gumuju, sumawonna ka Sang Pramanik, Putri Ratna Suminar, sěmu anu wuwuh, nandang kaisinanana, tina sidik Pramanik putra narpati, lain těrahing handap.

2. Hanteu lami Sang Putri ngalahir, ka Sang Dewi duh atjeuk