Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/241

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

239

kumaha, dina salěbět pangraos, wirehing aja kitu, pasal aneh teu aja tanding, dongengna paman Gěnda, pasal asal-usul, Sri Maha Ratu Ambarak, bět sihoreng raka atjeuk nu sajakti, ieu Sang Gěndarata.

3. Sang Pramanik kaget lěbět galih, teu ngandika wungkul tjumalimba, ngadangu Gěndarata teh, tumungkul sěmu měsum, raos ngimpen galih Sang Dewi, bawaning kaheměngan, ku balukar kitu, aneh teu aja hinggana, hanteu lami Sang Dewi ladjěng ngalahir, ka Sang Ratna Suminar.

4. Atjeuk němbe saumur nja hurip, ngaraosan marga kaheměngan, dumugi ka poek hate, linglung rasa ngalindur, tina biěu nguping pawarti, kang raka Gendarata, tina asal-usul, andjeunna leungiteun rama, Sang Sri Maha Ratu Ambarak nagari, kasilih ku rasěksa.

5. Turug-turug putra anu istri, kakasihna djeung atjeuk sarua, bět Pramanik saurna teh, turug² nu ngukut njabit-njabit kana kakasih, ama di Gurangsarak, djadi atjeuk bingung, aringgis sadaja njangka, jen atjeuk teh ngaran Pramanik nu leungit, putra Sang Sri Ambarak.

6. Bilih aja nu nětěpkeun galih, sangka² eta ulah waka, raos měntrong ka nu djongok, bilih bae saliru, da atjeuk mah Pramanik deui, lain Pramanik musna, wawangen kadatun, ari atjeuk mah tetela, bibit buit anak rěsi guru ngadji, pasantren Gurangsarak.

7. Ngawangsulan Sang Ratu Putri djin, nadjan rai hěnteu pisan², tětěp sangka dina hate, ka atjeuk anu estu, njangka putra Maha Narpati, Ratu nagri Ambarak, amung rai tuhu, sangka hěnteu asa-asa, ama Rěsi Gurangsarak mo sak deui, awit Mantri Ambarak.

8. Nadjan aja nu ngalain-lain, měnggah rai wantun tataruhan, mun sanes Mantri karaton, Dewi Pramanik imut, bari njaur ka Ratu Putri, mangga urang taruhan, lamun atjeuk luput, lěpat sangka kurang njata, tangtos atjeuk njerenkeun dunungan Ginggi, nu aja dina Guha.

9. Ratu Putri gumuju ngalahir, aduh² lintang hawatosna, bět bade didaměl retjeh, Dewi Pramanik njaur, ih atjeuk mah teu aja deui, sipatna pangaboga, ngan salaki estu, dibelaan pudji-pudja, mangnědakeun salaki mugi walagri, lambat nja salamětna.

10. Kitu deui atjeuk tatjan tigin, katětěpan rasa nu rumasa, Pramanik těrah narpatos, nu ilang ti kadatun, tina margi teu aja saksi, netelakeun nu ěnja, pang njahona husu, jen atjeuk těrah Ambarak, mung kadjabi upami ěngke diwarti, ku ama Gurangsarak.

11. Mung ajeuna urang sami tigin, něda-neda ka Anu Kawasa, dikadarkeun tereh-tereh, hasil anu dimaksud, nulung sugri anu prihatin, nandang kawisajaan, urang itung-itung, ibadah karana Allah, da wa-