Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/242

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

240

djibna mungguh njěkěl kaom Nabi, kědah sili tulungan.

12. Ajeuna mah měnggah aji mugi, tětěs ngatur pasal rěrěmpagan, baris ngorojok ngabojong, nu djadi djuru těnung, hajang geura atjeuk teh bukti, siga naon rupana, sipat mahluk hasud, teu lami Ratna Suminar, njumanggakeun ka raka Dewi Pramanik, sarta těras ngandika.

13. Enja eta ka Sang Gěnda Rěsi, kuring leuwih nja nandang kagetna, ku babad paman pribados, hěnteu njana jen kitu, pasal Sang Sri Maha Narpati, Ratu Nagri Ambarak, leungit ti kadatun, kalindih ku duruwiksa, tatapina ati² awal-ahir, putri djin nu malěsna.

14. Kitu deui ajeuna geus sidik, paman Gěnda putra Sang Srinata, Ratu Ambarak sajaktos, atuh kuring teh kudu, tina watěs ajeuna ganti, moal njěbutkeun paman, raos kirang patut, sumědja njěbat teh kakang, tina sabab isin ku atjeuk Pramanik, lantaran tanpa basa.

15. Sarěng kuring panasaran ati, wireh tadi kakang Gěndarata, nampi saur tan katangen, pituduh geusan mulus, dikědahkeun kěrěsa ngiring, ka Sang Ratu Banuja, supaja rahaju, nja dumugi ka ajeuna, ngintil² tumut dibawah pawarti, sarta reudjeung kěkělna.

16. Rasa kuring kawasna pinasti, aja sabab nu djadi lantaran, nu matak dikědahkeun teh, kumawula ka Ratu, semu² sami pinanggih, nandang kaprihatosan, ku leungiteun tugu, ku margi eta ajeuna, kuring malik naros ka paman Narpati, Ratu nagri Banuja.

17. Naon margi nu mawi sagalih, sinarěngan kakang Gěndarata, sami těrěsna prihatos, sarěng pada warantun, kana malik madjěng prang djurit, nangkěp Putia Sukma, rek dibalěs hukum, tinangtu aja lantaran, ngadjalankeun děngki Putiasukmadji, měnggah ka kersa paman.

18. Margi eta ku paman teh mugi, tjarioskeun masing těrus terang, nu djadi awit prihatos, tumilar geusan mangkuk, ulah pisan dipinding-pinding, sadaja nu kapěndak, ti kapungkur-pungkur, teu lami Ratu Banuja, njaur alon sarta měsum lir nu njangking. panggalih kaewuhan.

19. Adjěng Putri mariksakeun awit, asal-usul měnggah diri paman, sae bade ditjarios, jaktos paman nu estu, njangking soteh pangkat Narpati, di nagara Banuja, dipulung minantu, sanes asal tuturunan, paman njěkěl soteh Banuja nagari, kieu saawitna mah.

20. Kangdjěng Gusti Sri Maha Narpati, kakasihna Pěrbu Langlangsona, di Sulungtubu ngaraton, nagri gěde tur mashur, rěsik rame pilihan tanding, sarengan Sang Sri Maha, Ratu Sulungtubu, kagunganeun dua putra, anu tjikal jaktosna paman pribadi, těgěs ti Prameswara.

21. Kakasihna 'djěng ibu Meswari, anu kongas Dewi Sulagela, saderek Ratu Pramajon, harita paman těrus, nja dipulung mantu ku Gusti