Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/248

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

246

tea, kĕdah bae njabit2, ka urang Pusěr-bumi, anu mangku Bungbung- ümur, tapi kumaha kěrsa, sanadjan saumur hurip, hanteu ngangkěn kotjoran ti kamanusan.

34.Ngawangsul Ratna Suminar, rai taja pěta teuing, sarěng wantun nadah sumpah, upami těras djeung ati, hangham ka nu wawarti, putra Ratu Sulungtubu, wasta Ratna Suminar, kantěnan moal sak deui, sakumaha dongeng Mantri Padjarangan.

35.Margi emutan rai mah, kědah didongengkeun deui, di pajuneun sadajana, para bopati narpati, sarěng Djěng Rama Gusti, nagara Bumi pingpitu, Srimaha Saksaria, sarěng sadaja prarěsi, sarěng Ratu Pramajon nagri Riskomar.

36.Supados djadi uninga, aja nu kieu pěrkawis, lalakon lintang anehna, anu teu aja sasami, ngawalon Sang Pramanik, jaktos atjeuk oge rěmpug, sabab ieu pěrkara, sanes pasal alit-alit, ngagendjlongkeun kana kawasa Sri Nata.


**
Asmarandana

1.Pandjang lamunna ditulis, pěrtata waktu harita, pada tjarios lalakon, harita sami tětěpna, linggih di pasanggrahan, para bopati tuměnggung, papatih djeung senapatya.

2.Ari linggihna praputri, di panggung dadakan endah, turug-turug dipapaes, dikěput ku sutra kajas, lajarna sutra bodas, diwiru ku sutra biru, kewěs těmpat kaputrian.

3.Nu nuguran para mantri, gulang2 upatjara, tjarik ngabei kaliwon, di handapeun papanggungan, ngadjaga piwarangan, bilih Putri aja pĕrlu, eta dawuhan ti Radja.

4.Gantjangna anu digurit, waktu harita geus lila, dikira geus tudjuh poe, para Putri di dinjana, Adjĕng Ratna Suminar, tĕras tina panggung lungsur, Manetja anu ngiringna.

5.Kĕrsana Sang Ratu Putri, djĕngkar kana pasanggarahan, tĕmpat Sang Maha Narpatos, magĕlaran rĕrĕmpugan, sarĕng Ratu Banuja, Pramanik kantun di panggung, Manetji nu ngarentjangan.

6.Sang Ratu Putri geus sumping, ka panggung tĕmpat Srinata, dangah nu agĕng wawanen, ubiag nu kasumpingan, Sang Putri tĕras lĕnggah, majun ka para tumĕnggung, Manetja pungkureunana.

7.Hanteu lami Ratu Putri, undjukan ka Sang Srinata, duh kakang