Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/249

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
247

rai pribados, margi dugi ngadeuheusan, bade aja barêmpag, djalan anu dipisaur, kaleungitan pupuhunan.

8.⁠Mĕnggah kadjudi ku abdi, katjipta lĕbĕting rasa, miwah katete ku hate, eta pasal kawas2, moal dumugi musna, mo asup babasan buhun, ilang lir salanggĕng alam.

9.⁠Rai Dalĕm nu sajakti, mĕnggah nalika ajeuna, kalintang parantos ngartos, kalajan moal sulaja, tina emutan sangka, rai Dalĕm anu estu, ka nu gaduh lampah murka.

10.⁠Wani gawe hiri děngki, ngaruksak kamanusaan, tjurang serong lampah merong, njulap ngalindih nagara, pupuhunan sadaja, ku rai Dalĕm katulup, tinangtos sipat rasěksa.

11.⁠Mung sewu-sewu pamugi, raka Dalĕm ulah waka, kaenggalan gěruh raos, hojong kana enggal2, nangkěp si djuru murka, kědah ngantos heula dawuh, raratan kawiludjĕngan.

12.⁠Sarĕng kadua pěrkawis, emutan waktos ajeuna, rai Dalêm nu sajaktos, moal bade ngalangkungan, kana sugrining odjah, ti atjeuk Pramanik estu, Maha Rĕsi Kadewian.

13.⁠Malah panuhun pamugi, raka Dalĕm sinarĕngan, rengrengan para bopatos; kĕdah sami tigin manah, numutkeun sakěrsana, atjeuk Pramanik nu estu, urang těda maunatna.

14.⁠Sanadjan sipatna istri, teu aja pamběnganana, ku paměgět dipiguron, bade djalan kasaean, geusan kasalamĕtan, sipat panĕmu rahaju, nu ngěnjang kawalujaan.

15.⁠Amung kakang Gěnda rĕsi, eta mah kumaha kĕrsa, ka atjeuk Paramanik teh, da puguh ĕnggeus katjipta, babaran sapantjuran, sanadjan kukuh salingkuh, tatjan bĕnĕr umangkěnna.

16.⁠Něrangkeun titis sabibit, lantaran aja margina, atjeuk Dewi Pramanik teh, ngantos pikeun saksi nu sah, tetes kauningana, kana pasal asal-usul, galagat nagri Ambarak.

17.⁠Tatapi mĕnggahing rai, pikir teu sĕmang teu hangham, nětěpkeun kana saderek, ieu kakang Gĕndarata, mĕnggah ka salirana, atjeuk Pramanik nu estu, tigin taja basa sugan.

18.⁠Ngawangsul Sang Gĕnda Rĕsi, pěrkawis Adjĕng wawarta, jen parantos netes ngartos, kana bagbagan pun kakang, raratan kanjataan, ka Dewi Pramanik dulur, ku panorah anu njata.

19.⁠Nadjan kakang lěbět ati, dibarung ku satiasa, adji pamĕlĕngan hate, estu sidik hĕnteu samar, ieu nu disarĕngan, pěrtela pun adi bungsu, Nji Dewi Pramanik tea.

20.⁠Nadjan pisah nudju alit, Pramanik sarĕng pun kakang, kakang