Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/250

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

248

moal samar hate, sanadjan manehanana, mungkir tatjan rumasa, kana tetes ngaku dulur, lantaran taja saksina.

21.⁠Amung nuhun laksa kěti, Pramanik geus nintjak sipat, pangkat raspatining hate, langgěng nandang kapahingan, taja gětap deudeupan, miruruh geusan satuhu, raratan kasareatan.

22.⁠Sawangsulna Nji Pramanik, ngangkěn ajeuna2, ka pun kakang misaderek, bok bilih bae ahirna, mariksakeun ajana, ama sinarěngan ibu, Sri Maha Ratu Ambarak.

23.⁠Tangtos kakang sěsah ati, kumaha něrangkeunana, ajana ama Narpatos, kadangkala aja basa, Pramanik ka pun kakang, taja tawis nu satuhu, bela ka nu djadi sêpah.

24.⁠Sang Putri ngalahir deui, saur kakang kajaktosan, tjuriga nu dianggo teh, malah2 geus kantěnan, kana kitu ahirna, njeukseukan ku saur běndu, atjeuk Pramanik ka kakang.

25.⁠Lantaran anu kadjudi, kakang anu pangsěpuhna, putra Sang Maha Narpatos, amung teu aja tawisna, bela pati ka rama, manahna tinangtu kitu, těrkadang nganaha-naha.

26.⁠Mung ajeuna pikir rai, něda rěmpag ka sadaja, wireh atjeuk Pramanik teh, garwa Sang Purnama Alam, putra Ratu Riskomar, anu rek dipulung mantu, ku Sang Putia ajeuna.

27.⁠Anu tadi dipiwarti, disiksa dipangbuian, dumeh-dumeh hěnteu daek, ditikahkeun ka anakna, sarěng saupamina, sami hěnteu atjan maphum, atjeuk Pramanik awitna.

28.⁠Pang linggih di gunung Masdjid, lantaran kalunta-lunta, bahja ku leungit tjaroge, nja eta Purnama Alam, ti djro bandjar kaputran, tah eta awitna kitu, pang aja dipangalasan,

29.⁠Kadua pěrkawis deui, atjeuk Pramanik těrangna, putra Sang Wiku pasantren, puntjak gunung Gurangsarak, djênêngan Wiku Kurbah, katěrang rai sakitu, atjeuk Pramanik awitna.

30.⁠Gêndarata barang nguping, tjarios Ratna Suminar, jen Dewi Paramanik teh, putra Sang Pandita Kurbah, gumuju djeung ngandika, pun kakang pikir kawuwuh, nandangan kapěrtjantěnan.

31.⁠Ka ieu Dewi Pramanik, sidik putra ama tea, tina margi ditjarios, putrana Pandita Kurbah, atuh ari Kurbah mah, tetela pun aki estu, sěsěpah di padalěman.

32.⁠Sang Putri ngalahir deui, bari gumuju nu bingah, atuh puguh sidikna teh, rai oge hanteu samar, dina waktu ajeuna, amung ajeuna panuhun, kang rai ka sadajana.

33.⁠Ieu atjeuk Paramik djadjapkejn ku sadajana, sanggakeun ka