Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/251

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

249

Sang Narpatos, Ratu nagari Riskomar, nja eta měrtuana, pěrluna urang barêmpug, maksud hal ieu pêrkara.

34.Sarĕng Sang Maha Narpati, Ratu nagari Riskomar, ku sabab rai bareto, waktu tĕpang djeung andjeunna, sami² kaluar, tjatur sanggup sili tulung, sili handjatkeun ti bahja.

35.Malah waktu rai indit, ti djro karaton Riskomar, kěrsana Ratu Pramajon, kang rai teh kĕdah pisan, wangsul ti panjabaan, ngadjugdjug deui ka Ratu, bade barĕmpag nu ĕnja.


**
Dangdanggula

1.Sang Srimaha Ratu Raraspedi, ngadawuhan ka Ratna Suminar, mungguh kakang nu sajaktos, waktu ieu mah maksud, naon-naon kumaha rai, moal ngalangkungan, kakang ngan rek nurut, kana-odjah geusan djalan, anu narik salamět walagri diri, laksana pangarěpan.

2.Saur Putri ka Sang Raraspedi, rebu nuhun kakang kitu manah, měnggah ka rai pribados, tawis satia tuhu, tigin galih njangking kawěning, djêmbar kapěrtjantěnan, ka rai nu estu, mung rai ge manawina, karěmpagan ku kěrsa atjeuk Pramanik, kitu soteh pamaksad.

3.Tangtu pandjang lamunna ditulis, anu sami guněman wawarta, Ratu sarěng Sang Pinutren, Sang Pramanik katjatur, dina panggung sarěng Manetji, taja deui rentjangna, hanteu lami njaur, sarta dibarung ku tata, hanteu dumeh ka nu sipat patut laip, ngemutkeun anak radja.

4.Saur Dewi eh Endang Manetji, kuring arek naros anu ěnja, ulah dipungkal-dipengkol, meungpeung teu aja batur, tina margi Endang teh tadi, waktu němbe patěpang, ka kuring misaur, umur dua taun kira, ana kitu Endang di pasantren lami, sabab něpi ka mangsa.

5.Tudjuh bělas taun umur kuring, waktu těpang djeung Pangeran Putra, djadi lamina Endang teh, aja di ama Wiku, lima bělas taun mo leuwih, di sadjěro harita, Endang moal luput, salami intip-intipan, tangtu aja kukupingan anu sidik, dongeng ibu djeung ama.

6.Saur anu titih rintih děmit, pasal² panglinggih di dinja, Manetji enggal ngawalon, menggah abdi nu estu, salamina di Maha Rěsi, Pandita Gurangsarak, hěnteu nguping saur, njarioskeun pasal asal, lěmah tjai awit ti mana ti měndi, estu teu nguping pisan.

7.Amung aja ku dua pěrkawis, ati abdi nandang kaheranan, těgěsna hěnteu kahartos, ku kěrsa Maha Wiku, tina margi antero rěsi, agěng