Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Asmarandana

1.  Putri Rěsi kitu deui, ningali ka Radjaputra, amung ku reret sakědet, njaur sadjěroning manah, saumur němbe měndak, anu kasep tjara kitu, endah meakkeun nu lian.

2.  Hanteu djalir tina warti, hanteu beda tina bedja, hanteu geseh ti nu lemek, kasepna ieu Sang Putra, pěrtjaja mun kieu mah, sok matak gumujur ibur, istri-istri kaedanan.

3.  Estu djatining lalaki, tajoh mustikana rupa, kasep matak moho nendjo, paingan djěněnganana, mashur Purnama Alam, da tjahajana ngagěbur, lir kaja bulan purnama.

4.  Ganjangna anu digurit, Njai, Sang Dewi Kania, tungtungna papěntjrong-pěntjrong, sami kawisaja rasa, geus pada maen sotja, dibarung imut pangirut, bubuden nu ngaladenan.

5.  Sami njari Hina ati, pada njagsang dina rasa, hanteu geseh njantel hate, Njai Sang, Dewi Kania, sarua sisiakan, putra djudjur istri pulur, geus djadi kěmbar pamalar.

6.  Tatapi sami teu wani, paměgět nu asa-asa, istri komo tukang hese, kawuwuh pada pudjaran, ngan kantun sasauran, wantu-wantu pada dusun, kana geusan kaluasan.

7.  Radjaputra hanteu lami, wawarti alon tur tata, aringgis negtog salah pok, dumugi njutat babasan, lir pikeun ka sasama, tina hanteu rempan kalbu, ěngkang ngabasakeunana.

8.  Aeh ěnung Njai Dewi, marga ku ěngkang diala, rakan teh arek wawartos, supajana Njai těrang, lalakon diri ěngkang, sababna nu matak tjunduk, ka pasantren Gurangsarak.

9.  Karasa tilu pěrkawis, leuwih-leuwih nandang susah, ku bodo katotolojoh, lantaran ěngkang ku bongan, gěde teuing kadunjan, abong katungkul ku hirup, kakěnjang ku pawěnangan.

10.  Leungit titisan ti aki, ilang těrah pupuhunan, agama dimore more atuh ěngkang njorang bahja, ngadjadi bodo kěmba, hěnteu miruruh kawěruh, tara ngala pangawasa.

11. Kadua ěngkang keur njangking, lara djěroning pangrasa, taja papadana bae, djalanan Engkang kasurak, kw djalma anu tjurang, guju pada njěbut-njěbut, tukang njangarkeun nagara.

12.  Diprisi pulisi, dipibingbang ku kapala, padjar ěngkang djuru