Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
24

pelet, sok ahli ngeret ngirutan, kawas ka bangsa setan, njangka ngadji elmu buhun, halna hěnteu pisan-pisan.

13. Asa beunang ngati-ngati, risi, mangsa njorang salah, tapi aja-aja bae, nu djadi goda rantjana, Njai ge tangtu tĕrang, nu djadi sababna gujur, turug-turug ĕngkang baha.

14. Nu asih dipulang sĕngit, mu njaah dipulang moha, ĕngkang ngodolos běděgong, běđang ku ĕmbung garwaan, ku sabab tatjan hajang, atuh ěngkang teh ditundung, dibuang ka Gurangsarak.

15. Teu meunang tjijing di nagri, ĕngkang ku kĕrsa Djĕng rama, kudu aja di pasantren, hukuman sangar djeung baha, eta kitu sababna, bilih ĕnung hanteu maphum, raratan ĕngkang sorangan.

16. Djeung ari nu djadi margi, Engkang, teu purun garwaan, tina ku rumasa bodo, da rĕsĕp keneh ihtiar, neangan pangabisa, meungpeung keur ngalarap hirup, ngambang di bangawan njawa.

I7. Itikurih njiar harti, ngalap pěrtata sasmita, papagon pangeusi hate, ka bangsa para budiman, nu ninggang kasampurnan, nu ngagĕm elmuning luhung, nu geus djĕdjĕm kapahingan.

18. Leuheung lamun boga rabi, ka nu djĕmbar pangabisa, ngaběngkot rebo ku hartos, pulunganeun ati ĕngkang, hal bagbagan agama, itung njalindung ka gĕlung, wajahna lara ku era.

19. Pikir ĕngkang nu sajakti, mungguhing waktu ajeuna, teu heroj ka urang gědong, teu hajang nu di pamĕngkang, ari dikira-kira, teu matak ngawuwuh elmu, nja nambahan pangabisa.

20. Kadjeun ririwit ku njĕri, nalangsa nadahan lara, njorang kana baja maot, tinimbang ĕngkang djeung beunang, kana dipatjang-patjang, da lain rek ngarah untung, kana sipat barang-barang.

21. Kadjeun nindih kana pati, balangsak djroning alas, djadi gandek di pasantren, sugan dianggo lumajan, didaměl tukang adan, djeung sambian ngalilipur, anu djadi kasukĕran.

22. Ngan ajeuna ĕngkang mugi, paparin panglědjar manah, piwĕlas Njai nu jaktos, mungguhing ka diri ĕngkang, tina ĕngkang keur nandang, kalimpudan ku kabingung, ku Njai geuwat tulungan.

23. Sugan bae awal ahir, ĕngkang bagdja aja kadar, dina pepes lipur hate, geus njingkir ti kasukĕran, ĕngkang mulang tarima, njebor ku sakudjur tangtung, mulang, ku pangrasa badan.

24. Dewi Kania ngaharti, kawantu istri budiman, elengeh djeg mere sareh, ngawangsul ka Radjaputra, duh Gusti djĕng Pangeran, pěrkawis eta pangdawuh, estu kalangkung ahengna.

25. Mĕnggah dipikir ku abdi, sakalintang marga bĕrat, tjotjogeh