Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
25

gamparan jaktos, moal kenging dikon yan, upami kasawat mah, uduneun dina panĕku, matak geseh piangkatan.

26. Sarĕng gamparan milahir, mundut deudeul pĕrtulungan, mĕnggah ka abdi nu bodo, abdi-abdi ku tiasa, nu lintang hina papa, djuru dusun urang kampung, ngadeudeul lĕnggah gamparan.

27. Amung abdi nu sajakti, bubuhan nampi timbalan, sumědja kumambang bae, ngalandongan kaewuhan, manawina tiasa, mung ajeuna pamit wangsul, barĕmpag sarĕng pun bapa.

28. Upami parantos kenging, dumeuheus deui kantĕnan, ngalahir deui Sang Anom, ih Njai ĕngke heulaan, ĕngkang teu tatjan tamat, mitutur awit kabingung, muka djalan kasusahan.

29. Ku ĕngkang ĕnggeus kapikir, nadjan ngiděr sabuana, baris landong djuwĕt hate, rasa ĕngkang moal meunang, ari lain Njai mah, ajeuna oge geus puguh, karek gok mirasa sĕnang.

30. Reudjeung deui montong Njai, gana-gana kumawawa, ka kolot waka ngarewong, kudu timbang-timbang heula, kana minangsaraja ulah rusuh tjatur gĕruh, ĕngke sĕpuh mah tungtungna.

31. Sang Dewi ngawangsul deui, bilih teu atjan kamanah, margi abdi enggal soteh, barĕmpag sarĕng pun bapa, rempan ningal kasawat, bilih tungtung hanteu puguh, salĕmpang sĕrong ahirna.

32. Imut Pangeran ngalahir, ih atuh sukur katjida, ari njantel dina hate, geus njangsang kana pangrasa, heg atuh geura mulang, djeung ieu lumajan ĕnung, tjandak wang sapuluh dinar,

33. Minangka panjĕtjĕp ati, buruhan gampang nampanan, mĕrĕsen hade bubuden, Sang Dewi Kania těras, njêmbah nampi pasihan, diwuwuh dilak panglutju, reudjeung imut pangirutan.

34. Dewi Kania seug mulih, geus mĕdal ti patamuan, mulih ka bumi pasantren, katjatur anu ditilar, Radjaputra Purnama, kapintjut ku nu geus wangsul, kagĕndam ku semah mulang.

35. Manah ti balik pangeusi, asal pĕngkuh djadi rutjah, awit djědjěm djadi ngetjom, taja deui nu katjipta, wungkul Dewi Kania, siang wĕngi nandang wujung, reh inggis hanteu laksana.

36. Duh aduh djungdjunan ati, kĕmbang sotja buah manah, nu geulis panutan hate, ieu ĕngkang njorang baja, nandang sangar pangrasa, nudju kalampud ku bingung, naradjang gĕring pikiran.

37. Awit kabadi ku budi, asal kasibat ku basa, djadi meulit kusut hate, daek-daek ĕngkang pědjah, lamun hanteù laksana, pasti undur tina hirup, lantaran kabaluasan.

38. Katumbiri sumping wĕngi, kuwung-kuwung nguběng bulan, naha