Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
26

hanteu mĕlang ĕnong, ka diri ĕngkang nu lara, anu eukeur ngumbara, ngalantung ngangandung bingung, lalĕwang pikir njoreang.

39. Kakara saumur hurip, ngalara tunggara rasa, bandjir rarambuning hate, kadangkala kapisanan, nadahan kalampusan, bawaning ku susun-susun, nandangan kabaluasan.

40. Aringgis hanteu katjangking, salĕmpang bok hanteu beunang, aduh mustika pasantren, Kania nu kaniaja, wani nibakeun ngandjang gugup gurunggusuh, bĕt abong istri nonoman.

41. Urang budjĕngkeun pěrkawis, ieu hal Pangeran putra, anu keur nandang prihatos, ĕntong pandjang ditataan, ĕnggen-ĕnggening brangta, bilih bosěn nu ngadangu, kotjapkeun bae enggalna.

42. Putra putri geus ngahidji, rendengan sami sukana, malum anom pada anom, tandingan sami geugeutna, siang wêngi teu pisah, runtut-rukun matak lutju, wuwuh rĕsĕp anu ningal.

43. Katjatur geus rada lami, Sang Dewi djeung Radjaputra, kira geus sapuluh poe, tina waktuna nikahna, harita nudju lĕnggah, di pajun daměl ngawuruk, ka raji Dewi Kania.

44. Elmuning haliah lahir, aksara etang-etangan, djeung sagala basa bae, sipat elmuning sakola, ku Sang Radja Pinutra, hanteu kaliwat kaliru, panĕmu saaja-aja.

45. Katurug-turug Sang Dewi, katjida pisan maksadna, kana naros soson-soson, ngalap pangartos Sang putra, bangsa kasasmitaan, djunun sarta gampang njurup, wantu ninggang ka nu padang.

46. Pandjang lamunna ditulis, pĕrtata panganten anjar harita Pangeran Anom, těras njaur hidji rentjang, pangkatna djuru-seka, nu kamashur ngaran Djamus, rentjang tjandak ti nagara.

47. Sang Radjaputra ngalahir, eħ Djamus maneh ajeuna, wajahna sorangan bae, kudu leumpang ka nagara, njanggakeun ieu surat, ka kĕrĕsa Kangdjĕng Ratu, sambian maneh balandja.

48. Barangbeuli di nagari; sakur nu taja di urang, bangsa barang-barang toko, Ki Djamus nampi dawuhan, sartana ngawangsulan, njumanggakeun ka pangdawuh, gantjangna nu ditjarita.

49. Isukna Ki Djamus indit, ti pasantren Gurangsarak, ngĕmban dawuhan Sang Anom, sikêp dangdanan utusan, ka nagara Riskomar, Borangan teu mawa batur, ludeung wantu djalma dugal.