Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/253

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

251

abot prihatos, abdi rebu panuhun, mugi-mugi agung sih galih, kawĕlas ka nu hina, nu kalampud luput, gamparan pamugi enggal, lĕdjar galih ngalajad ka diri abdi, tawis masih miwělas.
  1. Diri abdi ka mana nja balik, di salĕbĕt ngambah pawĕnangan, lian ti di leuweung ganggong, leuheung upami lampus, nitis tulis niba ka pati, bubaran lara dunja, kitu ge mun husu, kana marga kasutjian, sirna soteh kasĕbat pulih ka djati, pangkat pulang ka asal.
  2. Kuma’ lamun tutulisan abdi, njorang pati lantaran baluas, djadi kasered ku goreng, lampus teu mawa husu, nindih pati hanteu djeung sutji, djadi sakaba-kaba, teu nudju ka wahju, babaran pulang ka sasar, djadi mandjing djalma teu lahir teu batin, teu dunja teu aherat.
  3. Eta kitu sambatna Sang Dewi, bari nangis njuuh kana bantal, salira lĕsu tur lungse, Manetji langkun-langkung, nandang reuwas dugi ngagidir, gado totoroktokan, djeung bari sěsěgruk, sarta ngomong kěndat-kěndat, dumareuda piundjuk ka Putri Rĕsi muntangan sampeanna.
  4. Aduh2 gamparan pamugi, lambat manah marga kaelingan, naha gamparan ngadolos, ngadjudjur sipat linglung, kawas sanes titisan Rěsi, taja galih parantjah, ngaběndung kaliwung, rantjana kasasar manah, dugi sisip galih katarik ku iblis, ngadjak kana sungkawa.
  5. Sang Pramanik teu pisan: ngagalih, ka Manetji anggur tambah-tambah, nangisna teu pisan liren, tungtungna lĕng teu emut, kapiuhan teu usik-usik, lungse leuleus lir kapas, hanteu emut-emut, ngan ukur bae napasan, ku Manetji dipangku teu usik-usik, tjara nu kapidara.
  6. Beuki tambah reuwasna Manetji, sarta bari mapatkeun sagala, parantjah djampe pamake, diusap djeung ditiup, kana raraj Dewi Pramanik, tapi taja nu mĕntal, panumbalna mintul, Manetji ngahulĕng susah, sarta ngomong dina sadjĕroning ati, aduh aing tjilaka.
  7. Tangtu bae Sang Ratu Putri djin, Adjĕng Ratna Suminar nĕrĕka, pangna kieu Sang Dewi teh, walĕs teu emut, dibinasa ku diri aing, sanadjan diundjukan, asal marga kitu, manahna moal pěrtjaja, tangtu keukeuh awit ku binasa aing, Sang Dewi pangkieuna.
  8. Tangtu aing dihukuman pati, moal aja hampura timbangan, mo geseh ti bedja bae, tukang njiksa ngabunuh, ngan kumaha ajeuna aing, piakaleun supaja, salamĕt rahaju, teu njorang kana hukuman, da tjitjing mah aing teh kana pinasti, raga nadahan bahja.
  9. Ngan ka saha aing rek měrědih, menta djampe supajana waras, ieu Dewi Pramanik teh, kaduana tinangtu, lamun ieu Dewi Pramanik, dumugi kana wapat, maksud aing buntu, pamundut Ratu Rundjana, aing pasti mo bisa balik ka nagri, sabab teu beubeunangan.