Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/254

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

252

  1. Ngan ajeuna Sang Dewi ku aing, ti dieu teh rek dibawa minggat, ditambakeun sugan sae, ka saban wiku2, meungpeung euweuh Sang Ratu Putri, reudjeung atjeuk Manetja, di panggung praratu, Manetji gantjangna tĕras, sanggeus mikir ngabantun kampuh Sang Dewi, ti djĕro kadjuaran.
  2. Tĕrus bae Sang Dewi Pramanik, seug dibuntĕl ku kampuh sal bodas, sanggeusna tĕrus dipangkon, Pramanik hanteu emut, djongdjon lungse teu usik-usik, Manetji hanteu lila, ka luar ti panggung, tjulang-tjileung gagantjangan, sarta bari ngĕmban Sang Dewi Pramanik, bědas wantu kadjinan.
  3. Saĕnggeusna ka luar Manetji, kěbat ngambah kana djumantara, gantjang kaja kilat bae, ari anu dimaksud, arek nĕda tulung Sang Rĕsi, Pandita Ragatoja, pangawatan kidul, njuhunkeun dunga panawa, sarta langkung gantjangna lampah Manetji, hanteu aja lirenna.
  4. Tunda heula lampahna Manetji, katjaturkeun Rĕsi Ragatoja, harita lĕnggah di bale, garwana hĕnteu kantun, djeung putrana istri sahidji, juswana kira-kira, tudjuh bĕlas taun, geus mangkat kabirahian, asup basa keur nitih miradja putri, endah tjarang lajanna.
  5. Santěn lělěb lungguh sarta lênggik, kakasihna Sang Dewi Pursita, tatjan kagungan tjaroge, sanes marga teu paju, mung Pursita keur tigin galih, ngalap pangeusi manah, sipat elmu luhung, bagbagan kasampurnaan, wiwintjikan djalan sadjatining diri, djeung elmu pangawasa.
  6. Adji2 djĕdjĕraning sakti, kagagahan digdjaja pěrkosa, siang-wêngi hanteu pĕtot, tatapa djeung tapakur, mudjasmedi mĕrihing diri, njipuh pangawasana, warisan ti Wiku, atuh Sang Dewi Pursita, pilih tanding sipat pangodjahing istri, pěntjaran Ragatoja.
  7. Tatapina nadjan gagah sakti, luhung elmu djĕmbar pangawasa, teu mashur hanteu kasohor, sabab saumur-umur, tara lunta ka mana-mĕndi, wungkul di Ragatoja, tur njumput di kampung, asup kana paribasa tjara bantjet kuturuban batok badis, kutjat-kĕtjet di dinja.
  8. Waktu eta mando pajun Rěsi, marga nudju nampi panglahiran, saurna Rĕsi eh Ĕnong, poe ajeuna tangtu, kadatangan ku Nji Manetji, djeung kukutan Sang Kurbah, putra Maha Ratu, Parabu Putiasukma, nu ajeuna nudju katindih tjotjobi, Ratu Nagri Ambarak.
  9. Pang dibawa Sang Dewi Pramanik, ku Manetji lantaran teu damang, kaedanan ku tjaroge, tina bawaning tuhu, asal kěkěl ku tigin muhit, sadjatina manutan, ka Sang Radja Sunu, těrahing Ratu Riskomar, kakasihna tjaroge Dewi Pramanik, mashur Purnama Alam.
  10. Asal tina leungit tanpa lebih, ti kaputran hanteu puguh losna,