Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/255

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

253

lir aja nu maling bae, ku sabab eta ĕnung, poe ieu kudu sajagi, beresan patěmpatan, pikeun linggih tamu, djeung kudu saaja-aja, pikeun njuguh Sang Putri Dewi Pramanik, isin mun teu sadia.

**
Sinom

  1. Kitu deui Njai poma, ka eta Dewi Pramanik, ulah kurang tata basa, nu kasĕbut hurmat tadim, wantu Dewi Pramanik, titisan bangsa nu luhur, tĕrah sipat kusumah, tědaking andanawari, Njai ulah katur tata basa kasar.
  2. Sanggeus nampi piwarangan, Dewi Pursita ti Rĕsi, kawantu istri kĕrsaan, beberes djeung běběrěsih, kamar djeung tĕngah bumi, ngěbut njapu harimumu, reudjeung sakabeh rentjang, ari sanggeusna běrěsih, těras damĕl njanga njangu papasakan.
  3. Gantjangna ieu tjarita, tjaturkeun deui Manetji, masih dina djumantara, djeung mangkon Dewi Pramanik, gantjang leuwih ti angin, wantu lalampahan rusuh, ngadjugdjug Ragatoja, Manetji teu lami něpi, sarta těras ngadeuheus ka Sang Pandita.
  4. Dibantun ka bale latar, tĕpas pajun bumi Rĕsi, Pandita sarĕng garwana, barang ningal ka Manĕtji, gugupna leuwih-leuwih, dugdug-degdeg muka pintu, garwana Sang Pandita, ngamparkeun paramedani, dina kamar pikeun pagulinganana.,
  5. Pandita těras ngandika, ka eta Njai Manetji, pura2 hanteu tĕrang, ka eta Dewi Pramanik, saurna Maha Rĕsi, saha eta nu dibantun, kawas anu nandangan, sasakit nu leuwih-leuwih, ngawangsulan Manetji ka Sang Pandita.
  6. Ngundjukkeun tina asalna, tĕpang djeung Dewi Pramanik, di tĕgal si Awat-awat, nĕpi ka manehna ngiring, ka Sang Dewi Pramanik, kana těgal Sulungtubu, těmpatna Langlangsona, něpi ka meunang balai, kapiuhan Pramanik di papanggungan.
  7. Ku Manetji teu kaliwat, dipiundjuk ka Sang Rĕsi, Pramanik Ratna Suminar, barang ngadangu Sang Rĕsi, tuturan Nji Manetji, kaget sarta tĕrus njaur, ja Allah atuh geuwat, Sang Putri Dewi Pramanik, sina ebog dina katil pangdjuaran.
  8. Dewi Pramanik harita, masih keneh tatjan eling, lungse leuleus taja daja, tjara anu kulĕm badis, Manetji hanteu lami, piundjuk deui ka Wiku, ama pamuga-muga, nĕda agung sihing galih, něda duʻa supados