Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/256

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

254

Sang Dewi waras.

9.Gumuju Rěsi ngandika, ka eta Njai Manetji, djeung sěmu teu nandang reuwas, ah Endang tong susah ati, sabab ieu Sang Dewi, moal kana těras pupus, lantaran katiginan, mětakeun gumati galih, kěkěl těguh migusti ka tjarogean.

10.Ulah gěruh ulah reuwas, ěngke oge eling deui, ajeuna mah tarungguan, ku Pursita djeung Manetji, ulah rek tararěbih, gantjangna Pursita, těrus, ngagendeng nu teu damang, Dewi Pursita ningali, ka Pramanik kana sagala sipatna.

11.Istu moho ningalina, neuteup hanteu euih-euih, rêsêp ningal ku geulisna, rupi Sang Dewi Pramanik, njaur lěběting galih, ja Allah nu maha agung, agung teuing damělna, ngadaměl sipat nu geulis, beunang oge disěbut mustika rupa.

12.Handjakal kabina-bina, aing teu djadi lalaki, meureun bagdja ngabogaan, ngamilik ka Sang Pramanik, nadjan boga salaki, dibelaan lampus umur, kadjeun pědjah nja raga, tinimbang hanteu katjangking, eta kitu panggalih Dewi Pursita.

13.Sang Pandita Ragatoja, těras bae njandak tjai, diwadahan dina gělas, bari ngadunga Sang Rěsi, sanggeusna seug ngalahir, bari maparinkeun lumur, ka Sang Dewi Pursita, ieu landongkeun ku Njai, kepret-kepret kana raraj djeung mastaka.

14.Gantjangna ku Sang Pursita, dilandongkeun ka Sang Dewi, sakumaha tjeuk Pandita, barang dikepretan tjai, kadaring Maha Sutji, Sang Dewi Pramanik emut, ngoredjat sarta gugah, hanteu pětot larak-lirik, dibarungan matja taʻud djeung istigpar.

15.Sanggeus tětěp kaelingna, těras lungsur tina katil, djeung kaget lěběting manah, jampeurkeun ka Nji Manetji, linggih dina alkětip, ka Manetji těrus njaur, ieu aja di mana, bêt sedjen djeung těmpat tadi, naha kuring djadi geseh titingalan.

16.Manetji těras undjukan, ka Sang Dewi Paramanik, něrangkeun pangna di dinja, lantaran andjeunna lali, sartana ku Manetji, ka Pramanik dipiundjuk, jen eta patěmpatan, bumina Sang Maha Rěsi, nu kasěbat Rěsi Ragatoja tea.

17.Dewi Pramanik ngandika, naha atuh rusuh teuing, gura-giru teu djeung tata, běněrna Endang pupulih, ka Nji Adjěng Putri djin, jen kuring arek dibantun, ka dieu rek tatamba, njuhunkeun pitulung Rěsi, lamun kieu pasti djadi kaawonan.

18.Těrkadang Ratna Suminar, bidjil sangka teu djeung lantip, leuheung mun njangka ka Endang, pang euweuh dibawa kuring, siděm