Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/257

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

255

ti Nji Putri djin, minggat asal ĕmbung tjampur, kumaha mun sangkana, pang euweuhna diri kuring, ku djalanan panggawe binasa Endang.

19.Tangtu Endang dibinasa, ditěrapan hukum pati, da tangtu Endang ge tĕrang, adatna Njai Putri djin, malah ajeuna pasti, ributna di Sulungtubu, burbêrna nu neangan, kadangkala murang-maring, Njai Putri ambĕkna ka sarerea.

20.Kuring mah mĕlang katjida, ku dirina Nji Putri djin, aringgis kalunta-lunta, ambĕkna teu djeung pamilih, taja geusan panarik, djudjur kana ngulur napsu, kawuwuh sieun taja, nu baris ngeumbing kaeling, anu bisa djeudjeuhan odjah pituah.

21.Ajeuna mah enggal2, kuring kudu bawa deui, kana têgal Langlangsona, lantaran ajeuna kuring, geus tjageur lir sasari, Endang kudu něda ma'lum, ka Nji Ratna Suminar, ĕngke dibantu ku kuring, pidjawabeun lamun njababkeun ka Endang.

22.Pramanik kitu saurna, bari tjumalimba nangis, emut ka Ratna Suminar, bawaning ku njaah leuwih, tapi barang ningali, Pramanik ka putra Wiku, Njai Dewi Pursita, kaget salĕbĕting galih, sadjongdjongan hanteu pětot neuteup ningal.

23.Lantaran Dewi Pursita, taja gesehna saeutik, sarĕng Sang Ratna Suminar, sapasang lir gambar badis, lir babasan kiwari, salira saru saliru, tjara kalangkang ngatja, malah Sang Pramanik ampir, njĕbat aeh geuning ieu Adjĕng Ratna.

24.Mun taja beda ku tata, sabab ari Sang Putri djin, tandang dangah taja rĕndah, wantu asal pantjaniti, tindak tĕrah narpati, ari Pursita mah wantu, ĕnggeus ngalĕmah lampah, tata-titi těpis wiring, tara pukah djeung lampah nu sipat rěndah.

25.Teu lami tĕras mariksa, Sang Pramanik ka Manetji, eh Endang ieu teh saha, enggal ngawangsul Manetji, ieu putra Sang Rĕsi, djěněnganana nu estu, Adjĕng Dewi Pursita, Dewi Pramanik ngalahir, ka Pursita nuhun dikadar patěpang.

26.Atjeuk teh němbean těrang, siharĕng salira aji, sarĕng rebu kanuhunan, atjeuk dirawat diasih, sartana luntur galih, ka atjeuk kěrĕsa nulung, ngubaran dugi sehat, teu kantos njorang balahi, pědjah raga lantaran kabaluasan.

27.Ngawangsul Dewi Pursita, saur gamparan katampi, miwah lintang djadi bingah, měnggah kana hate abdi, tina margi kagalih, pangdeudeul abdi sakitu, ka salira gamparan, sawangsulna diri abdi, kasumpingan bingah nu tanpi hinggana.

28.Saparantos sasauran, Pursita sarĕng Pramanik, Pandita ngahiap-