Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/258

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
256

hiap, miwarang ka tĕngah bumi, linggihna Sang Pramanik, gantjangna anu ditjatur, Dewi Pramanik těras, ngambangkeun panjaur Rĕsi, těras ngalih ka tĕngah bumi ti kamar.

29.Pramanik seug ngadeuheusan, mando pajuneun Sang Rĕsi, isin bubuhan ku sĕpah, Pandita ladjĕng ngalahir, ama teh leuwih-leuwih, marga kagunturan sukur, anu taja hinggana, kasumpingan ku Sang Dewi, rasa munggah kana sagara kabingah.

30.Ari nu djadi margana, pang bungah sumping Sang Dewi, tina mantĕng ati ama, taja nu diantos deui, siang sarĕngan wêngi, mung putra kukutan Wiku, pasantren Gurangsarak, djĕnĕngan Dewi Pramanik, putra Ratu Putiasukma Ambarak.

31.Dupi margi diantosan, wireh ku tjumeungtjeum ati, nu hanteu aja towongna, dina antara samĕnit, tina ama teh awit, nampi wahju nu satuhu, soara tan katingal, basana teh ama misti, kudu wani djadi saksi nu keur samar.

32.Wirehing andjeun keur samar, tina asal ku katindih, dongeng Raden Gěndarata, Putra Srimaha Narpati, Sang Putiasukmadji, nagri Ambarak nu estu, ku margi eta muga, ulah djadi samar galih, tina marga andjeun teh nu saĕnjana.

33.Putri Sri Maha Ambarak, lain putra Maha Rĕsi, pasantren di Gurangsarak, djadi andjeun teh sajakti, saderek nu pituin, estu sarama-saibu, ka Raden Gêndarata, ama wantun djadi saksi, lamun andjeun hamham salĕbĕting manah.

34.Dupi asal-asalna mah, pang malungkar ti nagari, papisah sakulawarga, eta mah pamugi-mugi, ulah waka migalih, kana enggal hojong maphum, lantaran pangkituna, ĕngke ge di ahir pasti, ku Sang Dewi kabuka sarĕng pěrtela.

35.Ajeuna panĕda ama, mĕnggah salira Sang Dĕwi, ulah waka hojong djĕngkar, di dieu bae nja linggih, bari ngantosan pasti, asihing Gusti Jang Agung, Allah anu kawasa, anu sipat rahman-rahim, anu baris masihan kahidajatan.

36.Sang Pramanik ngawangsulan, pěrkawis ama milahir, miwarang ka diri putra, ulah waka mios deui, di dieu kĕdah mukim, mĕnggah putra sĕdja tumut, kana dawuhan ama, tawis miwĕlas miasih, amung putra kalintang gaduh kamĕlang.

37.Pun adi Ratna Suminar, putra Sang Maha Narpati, nagari Tolongtĕlĕngan, bangsa djin pusĕring bumi, Sang Saksaria Adji, kakantun di Sulungtubu, putra kalintang mĕlang, papisah nu leuwih tĕbih, maksad putra sumĕdja diteang heula.