Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/259

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

l.Ladjĕng ngandika Sang Rĕsi, Sang Dewi ulah rek hamham, nandang manah mĕlang sěber, ngantunkeun Ratna Suminar, ku sabab ama tĕrang, tědak putri Bungbungümur, senapati ing ngalaga.

2.Ahli meuntjit anu sakti, purah ngawarah nu gagah, adatna leber wawanen, rasa ama balikanan, mun masih sasarĕngan, djeung djuru mawur piwuruk, purah djeudjeuhan tjĕgahan.

3.Tangtos moal tereh hasil, těrbuka nja pangarĕpan, lantaran Sang Adjĕng Putren, tinangtos sagala odjah, kapěgat ku raratan, piwuruk pamantjuh napsu, babaraning kasabaran.

4.Emutan ama pribadi, Sang Adjĕng Ratna Suminar, urang kalĕntjarkeun bae, sina djadjakah manahna, kana ambah-ambahan, ngadjudjur napsuna hurung, supaja tereh těrbuka.

5.Sabab mo aja nu wani, ngalabrak bangsa rasĕksa, lian ti Adjěng Pinutren, anu matak ajeuna mah, Sang Dewi muga-muga, sabar linggih sarta lungguh, di dieu bae ngantosan.

6.Ngawangsul Dewi Pramanik, upami jaktos kitu mah, putra mah ngiringan bae, supados kawiludjěngan, kalajan enggal2, makbul makssud nu satuhu, těrbuka djalan waluja.

7.Gantjangna anu digurit, Sag Dewi Pramanik tĕras, ngambangkeun Pandita bae, ngantosan di Ragatoja, saban wĕngi djeung siang, rerentetan hanteu kantung sarĕng Sang Dewi Pursita.

8.Manahna Dewi Pramanik, ka eta Dewi Pursita, raos hěnteu pisah bae, sarĕng Sang Ratna Suminar, lantaran ku sarupa, sarta harita teh nudju, Pramanik sarĕng Pursita.

9.Katilu Njai Manetji, amĕngan di palataran, pukul opat pasosore, ngadjadjah bundĕran kĕmbang, pantĕs bandjaran karang, kĕmbangna sipat nu harum, ligarna ngawuwuh hegar.

10.Lalinggih barina niis, dina dipan panglangĕnan, djadjaran gambir tongkeng ros, bari guněman wawarta, Pramanik djeung Pursita, tuturan geusan gumuju, sili pědar sapaměndak.

11.Teu lami Dewi Pramanik, papariksa ka Pursita, kumaha aji teh wanoh, ka djĕnĕngan Gěndarata, tina marga andjeunna, waktu sarĕng atjeuk těpung, di tĕtĕlar Langlangsona.

12.Wawarti geus djadi santri, di dieu di kĕrsa ama, ngalap elmuning

Purnama Alam I — 17