Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/260

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

258

pasantren, ngawangsul Dewi Pursita, abdi teh těrang pisan, waktu andjeunna keur nudju, ngaos kitab di pun bapa.

13.⁠Ajeuna parantos lami, teu sumping duka kumaha, sěmi nolas ka pasantren, manawi nu djadi marga, kagungan kalangěnan, Sang Dewi Pramanik imut, barina těras ngandika.

14.⁠Tapi atjeuk mah hawatir, ka salira kakang Gěnda, ku ajana di nagri teh, lieuk deungeun lieuk lian, taja anu miwělas, bubuhan keur nudju kitu, kurang sandang kurang pangan.

15.⁠Sumawonna anu sudi, suka ngarawu ngarawat, geuning ku buktina oge, bět masih keneh ngaduda, hanteu kagungan garwa, Dewi Pursita ngawangsul, bari rada tjumalimba.

16.⁠Abdi ge lintang hawatir, ka Raden Mas Gěndarata, tina marga kapěngkěr teh, ngintun sěrat ka pun bapa, dupi ungělna sěrat, mundut pangduʻa rahaju, handjat tina baja lara.

17.⁠Sarěng ditungtungan deui, andjeunna aja kěrsana, miwělas miasih jaktos, ka diri abdi nu hina, bade midaměl garwa, amung pun bapa ngawangsul, ka Raden Mas Gěndarata.

18.⁠Saurna doa teh teuing, anu teu aja hinggana, ngan ama arek papagon, měnggah waktu ajeuna mah, ulah waka ngamanah, kana ngabeubeurat kalbu, kana kagungan geureuha.

19.⁠Masing djongdjon heula galih, mudjasmedi měrih raga, supados enggal tiněmon, kana sugri pangarěpan, bela ka sěpah2, ajeuna mah masing husu, něněda kana těrbuka.

20.⁠Engke ge lamun geus hasil, moal ka saha milikna, kitu saur pun bapa teh, tah tina waktos harita, Raden Mas Gěndarata, duka tina djalan běndu, pang hěnteu aja sumpingna,

21.⁠Dewi Pramanik ngalahir, kumaha aji nja manah, měnggah ka kakang Gěnda teh, měnggah di waktu ajeuna, naha teu aja manah, ka lalaki sipat kitu, taja sorot taja sarat.

22.⁠Pursita ngawangsul deui, dupi měnggahing abdi mah, emutan waktos ieu teh, sanadjan ti kapěngkěrna, teu aja pisan pěta, ngandung napsu nu kalangsu, nampik ka těrah kusumah.

23.⁠Malah kapungkur ge abdi, parantos njanggakeun sěrat, ka Raden Gěndarata teh, nguningakeun patekadan, maksad bade ngantosan, kalajan anu satuhu, kana paněda laksana.

24.⁠Malah margi diri abdi, dibelaan hanteu kěndat, puasa njěnen-kemis teh, ku margi maksad njarěngan, Raden Mas Gěndarata, supados andjeunna makbul, kaluar tina sungkawa.

25.⁠Pramanik ngalahir deui, ih atuh ari kitu mah, aji teh masih bebene.