Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/261

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

259

langganan tjeungtjeuman manah, ka Raden Gĕndarata, Dewi Pursita ngawangsul, manawi diparĕng Allah.

26.Pandjang lamunna ditulis, Pramanik di Ragatoja, sartana teu towong-towong, tatapa njipuh salira, něda ka Nu Kawasa, panĕda gantjang tinĕmu, kalawan kawalujaan.

27.Tunda heula Sang Pramanik, kotjap Sang Ratna Suminar, nu masih gunĕman wartos, sarĕng sadaja dipatya, di djěro pasanggrahan, Ratna Suminar seug njaur, ka Ratu nagri Banuja.

28.Kang rai ajeuna nampi, kana mupakat sadaja, tapi rai ajeuna teh, sumĕdja barĕmpag heula, kalajan pangěrsana, atjeuk Pramanik nu estu, bilih hanteu karĕmpagan.

29.Sang Putri sanggeus ngalahir, těras mulih djeung Manetja, ti panggung para bupatos, angkat alon ngagandeuang, ka panggung kaputrian, para bopati tuměnggung, sami djadjap sadajana.

30.Sanggeus sumping Sang Putri djin, kana panggung kaputrian, raos-raos manah bae, sartana tumĕras lĕnggah, tina marga sangkana, Dewi Pramanik geus ngantuk, kulĕm di djro pagulingan.

31.Hanteu lami Ratu Putri, těras lĕbĕt lalaunan, ku margi wiwahana teh, risi baribin ka raka, sanggeus ka padjuaran, těras mukakeun kulambu, kĕrsana ebog njarěngan.

32.Ningali ka djĕro katil, sidik teu aja eusina, ngan aja bantalna bae, djeung kampuh anu teu aja, Adjĕng Ratna Suminar, njaur salĕbĕting kalbu, naha atjeuk teh ka mana.

33.Ningal ka ĕnggon Manetji, nja kitu deui teu aja, Sang Putri těras njarios, ka eta Njai Manetja, tapi hĕnteu djeung reuwas, tina disangkana lungsur, Pramanik angkat ka djamban.

34.Saurna Sang Adjĕng Putri, atjeuk Pramanik ka mana, tjoba susulan ku maneh, bisina angkat ka djamban, taja anu ngiringna, ngan reudjeung Manetji wungkul, Manetja tĕras njusulan,

35.Lungak-longok wantu peuting, Manetja di tĕmpat siram, malah disaksrak sakabeh, těmpat-těmpat pasanggrahan, ku eta Nji Manetja, tatapi di kabeh sawung, Manetja kantun bingungna.