Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/262

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dangdanggula

1.Nji Manetja ngadeuheus ka Putri, bari langkung rumenghap ku reuwas, piundjuk ka Sang Pinutren, ngundjukkeun raka suwung, dipilari hanteu kapanggih, Sang Putri sakalintang, barangna ngadangu, jen Sang Dewi teu kapěndak, leuleus lungse salirana Ratu Putri, tina nandangan reuwas.

2.Bari njaur ja Allah balai, palangsiang teu puguh djěngkarna, ngalolos ka leuweung ganggong, lantaran kapidangdung, tatapina rasa mustahil, djuru di pangalasan, bĕt mohal kasarung, kabawa ku kaba-kaba, anu ĕnggeus tumitis istri sadjati, karantjana ku setan.

3.Saĕngeusna njaur kitu Putri, těras deui miwarang Manetja, ngěmpělkeun para bupatos, gantjangna nu ditjatur, sadajana ratu sarumping para tumĕnggung arja, kumpulan di panggung, Sang Adjĕng Ratna Suminar, seug ngembarkeun ka sadaja anu linggih, bari pasĕmon reuwas.

4.Saur Putri ka Sang Raraspedi, tjobi kakang kumaha pětana, istuning tjilaka gěde, matak djadi gumujur, hanteu aja atjeuk Pramanik, ti djĕro padjuaran, dipilari suwung, djeung Manetji teu ajana, tjobi manah ku sadaja prabopati, kira-kira ka mana.

5.Waktu ieu ulah linggih2, sadajana kudu nareangan, sabuana leuweung ganggong, bilih bae kalangsu, wantu-wantu lungsur ti peuting, karuntjang ku siluman, dibawa teu puguh, ajeuna sumangga enggal, ulah kenging ngantjik prawadya pradjurit, njalaksrak pangalasan,

6.Sang Sri Maha Ratu Raraspedi, langkung² djuměngok ku reuwas, ngadangu saur Sang Putren, jen Sang Pramanik suwung, tina panggung reudjeung Manetji, sarta sadaja těras ubiag lalungsur, ngarahrah sapangalasan, ari Putri damĕlna ngalindjing pusing, taja nu teu disěntak.

7.Sumawonna Manetja mah sěring, digaokan ditjiwit tjeulina, ku kěrsa Sang Adjĕng Putren, malah harita tĕrus, Ratu Putri ngambah wiati, sarĕng Njai Manetja, bubuhan nu alur, ngambah kana djumantara, buar-biur njusul Pramanik Manetji, bisi aja nu mawa.

8.Hanteu tjitjing ngatjatjang di langit, rurut-reret kana madhab papat, wěleh teu kapěndak bae, Sang Ratu Putri ewuh, raos langkung nadahan sědih, tina marga němbean, pinanggih djeung kitu, kataradjang kaapěsan, dugi ngangrěs dina salĕbĕting galih, Adjĕng Ratna Suminar.

9.Hanteu lami těras mulih deui, kana panggung pasanggrahanana.