Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/264

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

262

19.Mung sakadar kapĕlĕng ku ati, kaajaan Pramanik ajeuna, mung suka-dukana bae, ku kakang nu kamaphum, mungguh tuang raka Pramanik, dupi nandang sukana, nambahan panĕmu, raratan kasare'atan, kudu ngambah djadjahan odjahing lahir, ihtiar pasaratan.

20.Dupi pangna dukana Pramanik, wireh langkung abot ku kamĕlang, njaah ka Sang Adjĕng bae, tina raos satuhu, umangkĕnna ka Adjĕng Putri, anu taja hinggana, lir saderek estu, mo pěgat dunja-aherat, malah² ajeuna Dewi Pramanik, manahna ngadudu'a.

21.Kawalujan laksana pamĕrih, eta kitu Sang Dewi duʻana, mĕnggah ka lĕnggah Sang Putren, Ratna Suminar njaur, ari eta iblis Manetji, ajeuna teh di mana, pang ilang ti panggung, Gêndarata ngawangsulan, sasarĕngan sarĕng Sang Dewi Pramanik, sami suka djeung duka.

22.Sukana teh mulungan pangarti, rukun² bagbagan agama, dupi kadukaanna teh, sieun aja panulup, gawe maling Dewi Pramanik, disangka rek binasa, ka Sang Dewi, estu, pikirna inggis ahirna, dihukum ku kĕrsa Sang Ratu Putri, tah kitu pang dukana.

23.Naros deui Sang Ratu Putri Djin, dupi eta nu djadi lantaran, pang lolosna ti panggung teh, naha lantaran bĕndu, atawana aja nu maling, ngawangsul Gěndarata, bari tungkul mĕsum, palĕbah eta pun kakang, poek deui hanteu kailĕng ku ati, halimunan pangrasa.

24.Duka naon anu djadi margi, palak kakang hěnteu bisa muka, měděng dugi rasa poek, Sang Ratu Putri njaur, estu hanteu matak kaharti, pasal ieu pĕrkara, kakara saumur, ngadjadjah alaming odjah, manggih heran leuwih ti nu ĕnggeus tadi, anu geus kapilampah.

25.Ngan kumaha kintĕn-kintĕn ahir, bisa deui dikadar patĕpang, sarĕng atjeuk Pramanik teh, Gĕndarata ngawangsul, nu kailĕng ku kakang pasti, tĕpang deui ahirna, dina waktos nudju, Sang Adjĕng gumira manah, ku djalanan laksana nu dipigalih, těrbuka para sěpah.

26.Ratu Putri ngalahiran deui, kieu bae atuh ajeuna mah, mupakat rai pribados, ka Riskomar tong tulus, sadajana kědah marulih, ka nagara Banuja, ĕngke mun geus tjunduk, urang tangtang si Putia, atawana rurugan bae sakali, datangan ka nagrina,

27.Montong gěder sumêber nja galih, ku nu ngaran si Putiasukma, nadjan digdjaja kasakten, masih hirup lumantung, ieu urang Pusĕring bumi, ngaran Ratna Suminar, Ratu Bungbungümur, nu purah nadah nu gagah, anu ahli ngabĕrik meuntjit nu sakti, nu mawi ulah sĕmang.

28.Raraspedi ngawalon ka Putri, měnggah kakang kumaha Sang Ratna, ka mana ge ngiring bae, atuh ajeuna kudu, ka Banuja warangsul deui, mangga nadjan ajeuna, ngan aja panuhun, mugi Adjĕng ulah nilar,