Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/265

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

263

bilih bae Sang Putia ngarah pati, ngabinasa ka kakang.

29.Saur Putri wah mo ĕnja rai, nilar anggang ka salira kakang, samemeh Putia Katong, lampus ragana adjur, margi eta mupakat rai, dintĕn ieu sadia, endjing subuh, budal mulih ka Banuja, maksad rai hajang enggal² djadi, ngaděgkeun daņalaga.

30.Gantjangna teh ieu nu digurit, saparantos gunĕman wawarta, sadaja ubiag bae, bupati pratumênggung, patih mantri wadya pradjurit, sami² gumbira, bubuntěl bubungkus, bungah ku nampa embaran, poe isuk Sri Maha Ratu rek mulih, ka nagara Banuja.

31.Wĕngi eta wadia pradjurit, sukan-sukan ngaděgkeun tangara, minangka ngahormat bae, ka Těgal Sulungtubu, tina arek ditilar mulih, ku Sang Ratu Banuja, sartana rahaju, watĕk kai Langlangsona, hanteu njorang kana balai tjotjobi, geusan kapěrlajaan.

32.Hanteu eureun morobotna bědil, tingdjalĕgur sora mariĕmna, ngaguruh lir urug bae, kěběk di Sulungtubu, djeung dibarung surak pradjurit, sartana tatabeuhan, koromong djeung děgung, pelor badjidor dordoran, musik tandji wantuning pesta bopati, kenging kanugrahaan.

33.Katjaturkeun geus isukna deui, pukul lima ngawitan barangkat, ngaleut kaja lulut bae, ngantunkeun Sulungtubu, Sang Banuja djeung Genda Rĕsi, teu anggang tunggang gadjah, ngaran si Gurundung, ngan Adjĕng Ratna Suminar, hanteu anggang sarĕng Manetja pangiring, ngambah ka djumantara.

34.Saluhureun aleutan bopati, nangtajungan dina mega malang, ka arja para bopatos, Manetja djeung Ratnaju, sarta hanteu lami ngalahir, Sang Putri ka Manetja dibarung ku mĕsum, Manetja kami ajeuna, rek tjarita tapi maneh kudu lantip, pitjeun adat siluman.

35.Kami leuwih gumantěng nja ati, rada aja pikiran tjangtjaja, tapi lain goreng hate, kana sagala saur, kakang Gěnda nu waktu tadi, nĕrangkeun kaajaan, dina pasal nudjum, paningalna wawarehan, aja pasal palak tjambal hanteu djadi, paningal halimunan.

36.Kakang Gĕnda ku panaksir kami, kawas² rada dihalangan, těmpat atjeuk Pramanik teh, sartana nu ngabantun, disěbatkeun teu katingali, dina djĕro panorah, tah ku sabab kitu, kami leuwih panasaran, sêmu² manah kakang Gěnda Rĕsi, aja nu dipindingan.

37.Lamun lain raka Sang Pramanik, njieun tata nu kitu tjurangna, tadi oge djol bělědog, nadjan elmuna luhung, moal burung njawana bidjil, ngan ku aja halangan, ku saderek guru, tatapi kami ajeuna, tina leuwih ngandung panasaran ati, těgěsna teu pêrtjaja.