Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/266

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kinanti

1.Tina sabab eta kitu, tjing kami ka maneh mĕrih, tapi kudu reudjeung tata, ulah katjiri ku budi, ulah katara ku polah, masing titih rintih dĕmit.

2.Ajeuna maneh teh kudu, indit ka Pusĕring bumi, djugdjug ka karang panjiksan, Bungbungümur těmpat tjandi, nagara Tolongtêlêngan, pěrluna něpungan Ginggi.

3.Mantri Padjarangan Ratjun, sĕbutkeun titahan kami, Mantri Ginggi kudu iang, sarta kudu gasik², ka dunja kamanusaan, aja anu pěrlu leuwih.

4.Sartana lamun geus tĕpung, maneh reudjeung Mantri Ginggi, kudu těrus ngadeheusan, ka Ratu Bandjaransari, Sri Maha Purnama Alam, menta dianteur ka Ginggi.

5.Pěrluna maneh ngabantun, surat ti kami pribadi, djeung maneh kudu sing awas, suganna atjeuk Pramanik, kasampak linggih di dinja, maneh geuwat balik deui.

6.Ajeuna maneh tong tulus, ka Banuja ngiring kami, pek ajeuna geuwat, djeung ieu ka Baraspati, surat katěranganana, tanda ěnggeus idin kami.

7.Manetja tĕrus ngawangsul, njumanggakeun ka Sang Putri, gantjangna Manetja kĕbat, pěrdjalanan nintjak angin, monteng ti luhur ka handap, gěblus asup kana bumi.

8.Wantuning siluman estu, bisa di handap di langit, tunda lampahna Manetja, katjaturkeun deui Putri, Sang Adjĕng Ratna Suminar, njaur salĕbĕting galih.

9.Aing teh kumaha atuh, pikĕbateunana diri, lantaran ku sakieuna, kawas moal kana hasil, kana pangarĕpan asal, pang indit ti Pusěrbumi.

10.Lantaran nu dipidjugdjug, salira atjeuk Pramanik, ajeuna kitu buktina, jega ngantunkeun ka aing, ngalolos hanteu wawarta, kawas nu sêmbuni galih.

11.Mana kitu ge teu purun, ku aing diiring-iring, pikeun dajung pamuntangan, bagbagan lahir djeung batin, djalanan kasampurnaan þĕrtiti agama sutji.

12.Aing nu kantun nawuku, peurih sadjĕroning ati, ngan tukang ambon sorangan, taja nu tetes tumitis, umangkĕn kana rumawat, miwĕlas asih ka diri.