Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/267

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
265

13.Tapi ajeuna kasurup, kana sadjĕroning ati, leuwih hade aing nunda, kana djalan bela pati, ka sipat bangsa nu lian, lain těrahing sabibit.

14.Ajeuna mah nu dipadju, rek nungtik wiwitan tadi, lĕmah tjai nu sorangan, anu geus lĕdis laleungit, itung² ngarawatan, djeung bela ka sěpah wargi.

15.Barang geus ngamanah kitu, tĕras bae Ratu Putri, kĕbat lalampahanana, kitu deui prabopati, sarĕng sadaja ponggawa, geus sumping ka tĕpis wiring.

16.Ibĕrna anu ti pajun, Rahaden Aria Patih, sumping ka djěro nagara, ngembarkeun jen Ratu sumping, ĕnggeus ubiag di kota, marapag ka Sang Narpati.

17.Sarta pada njararěbut, Gusti urang ĕnggeus sumping, kenging pĕpĕranganana, unggul tanda leuwih sakti, kitu aromonganana, marukanna trus prang tanding.

18.Geus ngaguruh di kadatun, pahormatan bangsa muni, musik děgung djeung gamĕlan, Prameswari bingah galih, sarĕng sadaja rengrengan, garwa pěrjaji nagari.

19.Gantjangna ĕnggeus murudul, aleutan wadya pěrdjurit, Sri Maha Ratu Banuja, geus linggih di pantjaniti, dirangkul ku Prameswara, djeung ku para putra alit.

20.Marga sono langkung², teu tĕpang sataun leuwih, ma'lum dipasal eta mah, teu lami Ratu ngalahir, ka rai Parameswara, kudu sadia di puri.

21.Baris njadiakeun tamu, Putri djin ti Pusĕrbumi, teu lami ĕnggeus sadia, wantu di bangsa narpati, djeung sadaja pradipatya, harita sami lalinggih.

22.Di pajun gědong kadatun, beres linggih dina korsi, sami nandang bingah manah, para tumĕnggung bopati, gumuju ear-earan, wiludjĕng sarumping deui.

23.Barang keur gumuju saur, torodjol Sang Putri sumping, ngolenjaj ti awang², lumĕbĕt ka pantjaniti, kana riungan pranata, tandang bari imut manis.

24.Ratu Putri di kadatun, ngalindjing samemeh linggih, ningal pangeusi pamĕngkang, beda djeung di Pusĕrbumi, taja nu hurung nu herang, sĕpi sipat nu karětip.

25.Teu lami Sang Putri tĕrus, linggih dina korsi gading, beunang narapang ku giwang, majun ka para bopati, njĕbatkeun Alhamdulillah, tĕrang di Banuja nagri.

26.Patĕpung djeung para kupu, pinanggih djeung kulawargi, kalawan