Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/268

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

266

kasalamĕtan, nuhun nampi sihing Gusti, amung muga kana kĕbat, pinanggih djeung bibit-buit.

27.Ngandika para tumĕnggung, pada njěbat sami-sami, nunuhun ka Gusti Allah, dumugi kana pinanggih, laksana anu ditěda, salamět lahir djeung batin.

28.Barang parantosna njaur, gĕr surak asa kaindit, dibarung ku tatabeuhan, tawis sami bingah galih, ratu djeung para ponggawa, abdi-abdi kitu deui.

29.Sang Ratu Banuja njaur, mariksa ka Ratu Putri, dupi pun Manetja mana, naha hĕnteu aja ngiring, ngawangsul Ratna Suminar, Manetja didjurung rai.

30.Ka guha si Bungbungümur, ngala paman Mantri Ginggi, wireh manehna teu atjan, dongkap laporan ka rai, pĕrkawis Aria Kumba, didjurung dihukum pati.

31.Diparabkeun kana ratjun, siksaan milampah déngki, ajeuna rai teu atjan, nampi laporan ti Ginggi, margi ku rai diala, bade diparios tĕbih.

32.Samalah rai pamaksud, pěrkawis madjěng prang djurit, kêdah ngantos Ginggi heula, senapati Pusĕrbumi, Ratu Banuja ngandika, kakang mah sumědja ngiring.

33.Saparantos guněm saur, sadajana prabopati, baringah riungan tuang, ngaberes di pantjaniti, ngolear di parukunan, pamirig gamĕlan muni.

34.Sang Meswari hanteu djauh, tjalik sarĕng Sang Putri djin, teu lami ladjĕng mariksa, Sang Putri ka Prameswari, ari ieu saha tea, kuring kakara papanggih.

35.Meswari ladjěng ngawangsul, atjeuk teh Parameswari, garwa Sang Ratu Banuja, ngandika Sang Ratu Putri, nuhun dikadar patěpang, pangasih Gusti Jang Widi.

36.Gantjangna anu ditjatur, geus tĕtĕp Sang Ratu Putri, tjalik di puri Banuja, kalangkung dipusti-pusti, ku sadaja pradipatya, dipiserab dipigimir.

37.Sanagri Banuja gujur, lantaran aja putri djin, geulisna kabina-bina, loba anu njĕbut geuning, bĕt sulaja tina bedja, madjar djiga barong badis.

38.Saban poe ngaleut ngabrul, harajang njaho putri djin, tisuklakna tisiklukna, daratang ka djĕro nagri, sambian narongton pesta, ngaruat para bopati.

39.Ari Sang Putri teu kantun, sarĕngan Parameswari, lajeut dugi rerentetan, diugung dipusti-pusti, ngan tatjan buka rasiah, Ratu Putri ka Meswari.