Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/269

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

1.Gantjangna anu digurit, tunda Sang Ratu Banuja, sarĕng Sang Ratu Pinutren, katjatur deui Manetja, utusan Adjěng Ratna, sartana teu lami tjunduk, Manetja ka lawang guha.

2.Geus těpung djeung Baraspati, nu purah ngadjaga lawang, Baraspati tĕrus naros, pokna Njai nu ti mana, djeung naon nu dimaksad, nu matak ka dieu tjunduk, Manetja seug ngawalonan.

3.Sim kuring nu mawi dugi, wirehing ngěmban timbalan, ti kêrsa Ratu Pinutren, Sang Adjĕng Ratna Suminar, didawuhan njusulan, Mantri Ginggi djuru ratjun, kamar Djurung-padjarangan.

4.Tah ieu ngabantun kuring, sĕrat katĕranganana, ti kĕrsa Sang Adjĕng Putren, bade ka salira mamang, ti dinja pek diwatja, tetela ti Ratu Aju, Baraspati seug ngidinan.

5.Barang ĕnggeus nampa idin, Manetja tĕrus ka guha, dumadakan djol paamprok, reudjeung Mantri Padjarangan, sarta teu kira-kira, barang ret Ginggi ngarandjug, kaget ku ningal Manetja.

6.Terus nanja Mantri Ginggi, eta Njai nu ti mana, naon anu dimaksud teh, nu mawi ka dieu dongkap, Manetja ngawaloan, lĕmbur mah kuring teh djauh, tanah Banua Asia.

7.Nagara Sagara Keusik, bapa mah Ratu di dinja, Mantri Ginggi seug ngawalon, bari seuri nĕngkĕp baham, djeung taktak rarandjugan, paingan atuh bějědug, urang Sagara Keusik mah.

8.Manetja ngawalon bĕngis, djeung tinimbang nu kitu mah, boga adat tjara lele, saumur-umur ngaguha, Ki Ginggi ngawalonan, ah Njai tong těrus běndu, kakang oge babanjolan.

9.Ajeuna mah gasik-gasik, naon anu dipimanah, tjeuk Manetja hal kuring teh, nu mawi ka dieu dongkap, puguh ngĕmban timbalan, ti kěrěsa Ratu Aju, Sang Adjĕng Ratna Suminar.

10.Miwarang ka diri kuring, dikĕdahkeun ngadeuheusan, ka kĕrsa Pangeran Anom, Sang Putra Purnama Alam, njanggakeun ieu sĕrat, sarta kĕdah buru-buru, Mantri Ginggi ngawalonan.

11.Mangga atuh gasik-gasik, ka gědong karang kamuljan, sanggakeun ku Njai bae, tjeuk Manetja atuh mangga, undjukkeun ka Sang Putra, tjeuk ki Ginggi hĕnam atuh, bĕt teu kudu didjontrotan.

12.Sang Putra Nurasadjati, lĕnggah di korsi kantjana, nu mubjar