Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/271

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
269

teugeug mah da goreng, dipake ka katjintaan, geus alam kamadjuan, Ginggi seuri djeung ngawangsul, undjukkeun ka Adjĕng Ratna.

26. Walon Kumba bari seuri, pek bae da tangtu ngambat, sabab lain kakang bae, nu njĕbut bolostrong basa, surat taja ikĕtan, sanggeus pada njaur kitu, heug seuri eak-eakan.

27. Purnama Alam ngalahir, ka eta Njai Manetja, kami teh tarima bae, nandangan di kaluputan, ka Nji Ratna Suminar, tina hanteu buru-buru, kami ngawalonan surat.

28. Tatapina aja margi, pang teu atjan ngawalonan, lantaran ku tatjan salse, ku sabab waktu ajeuna, sang Sri Maha Tolĕngan, malik piwĕlasna kalbu, ka kami asiheunana.

29. Malah geus salin agami, kaom bangsa kasutjian, djeung sakabeh prabopatos, sabawah Tolongtělěngan, sipat bangsa kadjinan, taja anu hanteu nurut, kana kaom kanabian.

30. Saban poë saban peuting, ka dieu pada daratang, ieu paman Mantri Kuntjen, anu purah nawadjuhan, ngawaridkeun agama, tah eta sababna kitu, anu matak djadi ĕlat.

31. Sarta Kangdjĕng Rama Gusti, sarĕng Djĕng Ibu Meswara, dina waktu ajeuna teh, anu teu aja hinggana, tina wělas-asihna, kaja ka putra nu estu, ku kami ĕnggeus karasa.

32. Dina sapoe sakali, sumpingna Sang Sri Narpatya, sarĕng ponggawa sakabeh, ka kami kĕrsa ngalajad, samalah-malah njaram, ulah waka arek wangsul, ka ama Sang Sri Riskomar.

33. Kitu anu djadi margi, tina wagěl ku panjaram, hěnteu nogtrog teu bĕlĕngong, wani maksa něda mulang, lain ku hanteu aja, kana kamĕlang kaemut, ka bodjo di kamanusan.

34. Lantaran ku ĕnggeus nampi, surat ti Nji Rĕsi tea, Dewi Pramanik bareto, aja basa kudu jasa, nitipkeun nja salira, ka Ratu Bumi-pingpitu, ngalap njalamĕtkeunana.

35. Nadjan paman Mantri Ginggi, lain teu sĕring amitan, kana maksud hajang mios, ngan ku kami teh ditjaram, ulah waka ajeuna, dikudukeun nunggu², beresna njĕbar agama.

36. Malah maneh oge misti, ngadeuheusan ka Sri Nata, nja eta undjuk waspaos, sagala dikaajaan, Njai Ratna Suminar, supajana djadi wuwuh, manahna kapĕrtjajaan.