Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/272

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sinom

1. Manetja seug ngawangsulan, ka Sang Putra Nurasdjati, mĕnggah abdi tumut pisan, kana sugrining panglahir, kědah undjuk tingali, ka kĕrĕsa Kandjĕng Ratu, hal pěrkawis Sang Ratna, amung abdi mugi-mugi, nĕda widi kana wangsul enggal-enggal.

2. Saur Sang Radja Pinutra, taja halangan teh teuing, ngan mang Mantri Padjarangan, ku maneh moal kairing, ĕngke djeung diri kami, wangsul mun geus idin Ratu, ka nagara Riskomar, Manetja ngawangsul deui, mĕnggah eta kumaha kĕrsa gamparan.

3. Pandjang lamun ditjarita, wawarti Sang Nurasdjati, gantjang harita bubaran, sadaja ti djĕro bumi, Kumba djeung Mantri Ginggi, Nji Manetja anu kantun, sarĕng Sang Radja Putra, duaan di djěro bumi, Radjaputra nĕraskeun deui mariksa.

4. Kami arek malik nanja, ka diri maneh pribadi, lantaran kami kakara, těgěsna anjar pinanggih, djeung maneh nu sajakti, turug-turug taja tjatur, bedja ti anu lian, Nji Putri boga pangiring, ngan kadjaba Mantri Djurung-padjarangan.

5. Ari maneh nu ti mana, bibit-buit asal tadi, kawas rentjang sasampeuran, djeung saha maneh teh landi, ngaran anu sadjati, gantjang Manetja ngawangsul, wasta abdi Manetja, ti nagri Sagara Keusik, bapa abdi Ratu di nagara eta.

6. Mariksa deui Sang Putra, na kumaha anu mawi, tĕpang sarĕng Adjĕng Ratna, dumugi djadi pangiring, andjeun ka Njai Putri, Njai Manetja ngawangsul, sarta těras didadar, ku Manetja asal tadi, tina awit diutus ku Sang Rundjana.

7. Dipiundjuk teu kaliwat, milari tumbal nu matih, sarta nĕpi kana dongkap, ngintip Sang Putra Sang Putri, Purnama djeung Pramanik, ditutur hanteu kaliru, nandean tjai sotja, nĕpi ka milari deui, Rohongguris teu aja ti nagarana.

8. Nja dumugi kana mangsa, tĕpang sarĕng para Putri, di tĕgal si Awat-awat, leuwi Kali Lariburi, nu djěro leuwih-leuwih, sarta dumugi ka tjunduk, ka těmpat Langlangsona, ngan aja nu teu diwarti, ku Manetja ka Sang Pangeran Pinutra.

9. Ĕnja eta kaleungitan, Sang Dewi sarěng Manetji, ku Manetja dirasiah, těmahna bilih ngadjadi, tunggara kana galih, bobor geusaning