Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/273

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
271

rahaju, disĕbat ku Manetja, Sang Dewi Pramanik masih, sasarĕngan sarĕng Sang Ratna Suminar.

10. Sang Putra Purnama Alam, kalangkung kagetna galih, ngadangu dongeng Manetja, hookeun hěnteu ngalahir, tina teu njantěn teuing, aja anu gawe kitu, ngintip laku andjeunna, teu lami ladjĕng ngalahir, babad andjeun estu leuwih ku anehna.

11. Teu njana waktu harita, pribados aja nu ngintip, hadena teu kalĕpasan, amung pribados teu nampi, pěrtjaja dina ati, ka saur andjeun sakitu, lantaran taja tanda, bukti jen andjeun tingali, kana laku pribados di Gurangsarak.

12. Meureun tjaritaan bedja, ti Njai Dewi Pramanik, da andjeun geus sasarĕngan, beunang ti tjarita dĕmit, Manetja hanteu lami, ka Radjaputra ngawangsul, aja bade tawisna, gamparan nalika nampi, pangwalěran sĕrat ti Sang Dewi tea.

13. Ku gamparan disimpĕnna, dina bupet těmpat nulis, geuning ku dampal gamparan, barang rek diaos deui, hanteu kapĕndak deui, malah gamparan misaur, kabantun ku Sĕmbada, mangga ku gamparan galih, lĕbah mana abdi kirangna katěrang.

14. Sang Putra Purnama Alam, njaur salĕbĕting galih, ĕnja aing ingět pisan, harita surat teh leungit, njangka ka paman Tjatrik, pang euweuhna ku kabantun, Radjaputra ngandika, barina gumuju manis, jaktos pisan andjeun teh taja lěpatna.

15. Mana ajeuna sěratna, anu ti Njai Pramanik, tjobi pribados ningalan, Njai Manetja teu lami, ka Sang Nurasadjati, njanggakeun sĕrat djeung njaur, sumangga ku gamparan, tingali dumugi sidik, bilih abdi serong bohong ka gamparan.

16. Diilo ku Sang Pinutra, sidik hanteu samar galih, jen sĕrat ti rai tea, nja eta Dewi Pramanik, Radjaputra bawaning, kagagas lĕbĕting kalbu, ku kagugat ku sĕrat, ngawuwuh pěrlaja galih, lělĕb tanděs sumĕdot emut ka garwa.

17. Lěng bae ilang kemutan, kaja kapidara badis, njuuh pajuneun Manetja, bari njěbat aduh Njai, ĕnung pamulĕt ati, djungdjunan wawangen kalbu, ieu ĕngkang pěrlaja, leuwih hade nindih pati, djeung tinimbang lara ku djalan patilar.

18. Lami-lami Sang Pinutra, lĕs bae teu eling-eling, dumugi tjara nu wapat, teu pisan ngalahir-lahir, Manetja leuwih-leuwih, reuwas ningali Sang Sunu, dugi ka ngadegdegna; bari njĕbut ĕh balai, tangtu aing disangka nu ngabinasa.

19. Geus pinasti sadajana, para mantri djuru kuntji, pĕndjaga di ieu