Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/274

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
272

guha, ka aing ngahukum pati, Manetja sĕgruk tjeurik, edjegeler hanteu diuk, inggis kaburu datang, mantri-mantri guha tjandi, lami-lami Manetja datang ingĕtan.

20. Aing kawas lain tĕrah, nagara Sagara Keusik, ku aing rek sakalian, dipaling dibawa balik, ti ieu guha tjandi, disanggakeun ka Sang Wiku, patapan Ragatoja, sina ditawa ku Rĕsi, saĕnggeusna Manetja kitu pikirna.

21. Těras kana pagulingan, ngabantun kampuh sal putih, pikeun ngabuntĕl Sang Putra, ari saĕnggeusna buni, Sang Putra Nurasdjati, ku Manetja seug dipunggu, bĕlĕsat bae lumpat, Manetja ti bandjarsari, dumadakan Baraspati djagalawang.

22. Waktu ngaliwat Manetja, Baraspati nudju sĕpi, keur tjalik di patjilingan, Nji Manetja ĕnggeus bidjil, ngědjat kana wiati, lir kilat bawaning rusuh, sarta kĕbat lampahna, pěrdjalanan nintjak angin, nu didjugdjug ka patapan Ragatoja.

23. Tunda lampahna Manetja, katjatur Dewi Pramanik, sarĕng Sang Dewi Pursita, dideuheusan ku Manetji, wantu keur nudju linggih, dina dipan latar pajun, Pramanik seug ngandika, ka eta Njai Manetji, sarta langkung nandang mĕsum pasěmonna.

24. Eh Endang kuring teh susah, lantaran patilar těbih, reudjeung Nji Ratna Suminar, istu mĕlang leuwih², pasti moal sak deui, kana nandang napsu nguwung, ma'lum dina adatna, manggih kieu komo teuing, amarahna Nji Adjěng Ratna Suminar.

25. Sarta tangtu kana njangka, Endang anu maling kuring, ambĕkna tangtu mamawa, ka Manetja ĕnggeus pasti, kana ngahukum pati, tapi mugi Maha Agung, Allah anu kawasa, Nji Ratna Suminar lilir, lĕsu napsu nadah babaraning sabar.

26. Nji Manetji ngawangsulan, měnggah bawiraos abdi, upami rai gamparan, ngěrsakeun pusing ka abdi, abdi sadrah teh teuing, sanadjan dihukum gantung, tina margi emutan, kapamběng nandangan hurip, djeung tinimbang nandang, lara sapaosna. 

27. Amung abdi teh emutan, siang sinarĕngan wêngi, mĕnggah di waktos ajeuna, gamparan anu diiring, sumĕdja bela pati, gamparan upami pupus, abdi teh ngiring pĕdjah, upami gamparan mukti, diri abdi anu bingah kumawula.

28. Dewi Pramanik ngandika, sanadjan ingětan kuring, ari ka anu bela mah, moal hĕnteu wĕlas asih, ĕnggeus tangtu teh teuing, sili tabur ku panulung, dina saupamana, Endang teh njorang balahi, tangtu kuring nulungan sabisa-bisa.