Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/275

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
273

29. Ngan kuring rek menta tanda, jen Endang rek bela pati, tjoba kumaha akalna, supajana diri kuring, enggal² papanggih, reudjeung panutan satuhu, Sang Pangeran Pinutra, nu aja di Pusĕr-bumi, djĕro guha nagara Tolongtělěngan.

30. Manetji seug ngawangsulan, mĕnggahing emutan abdi, teu kědah ka saha², ka rama bae Sang Rĕsi, margi tangtos teh teuing, andjeunna jasa ngabantun, raka ti djĕro guha, Dewi Pramanik ngalahir, atuh isin tjumonggah nitah ka sĕpah.

31. Gantjangna ieu tjarita, barang Sang Dewi Pramanik, keur nudju gĕnah wawarta, gurudug Manetja dugi, dongkapna ti wiati, ka pajuneun Putri Wiku, sarta nu dibantunna, masih dikurudung buni, seug diteundeun dina latar palĕnggahan.

32. Dewi Pramanik teu kira, kaget salĕbĕting galih, ningali Manetja dongkap, hookeun hěnteu ngalahir, Manetja kitu deui, barang ret ngarangkul sudjud, kana sampeanana, nja eta ka Sang Pramanik, bari njĕbut aduh gamparan teu njana.

33. Bĕt aja di dieu lĕnggah, ku abdi teh dipilari, kana sabuana madhab, sarĕng rai Adjěng Putri, dumugi teu kapanggih, ku naon margana kitu, linggar hanteu wawarta, Dewi Pramanik ngalahir, ĕh kuring teh ajeuna tarima dosa.

34. Ajeuna mah hanteu kĕdah, njababkeun nu djadi awit, asal kuring pangkieuna, ĕngke oge dipiwarti, pajuneun ama Rĕsi, ajeuna mah buru-buru, itu anu dibawa, buka hajang njaho kuring, kawas-kawas gumĕbjar sipat sosotja.

35. Barang eta Nji Manetja, rek muka Sang Nurasdjati, Rĕsi norodjol ka luar, sartana bari ngalahir, pasĕmon kawas pusing, ka Manetja bari nundjuk, sia kurang wiwaha, hajoh bawa gasik², ulah sina ebog dina dipan latar.

36. Kudu bawa kana kamar, katil pagulingan kami, ku maneh bae sorangan, djeung ulah aja nu wani, muka lian ti kami, gantjang ku Manetja těrus, Sang Pangeran Pinutra, dibantĕn ka kamar Rĕsi, salĕbĕtna těras disorog pantona.

37. Anu lĕbĕt kana kamar, ngan Manetja sarĕng Rêsi, katilu garwa Pandita, Pursita sarêng Pramanik, tjaralik tĕngah bumi, hanteu tiasa arasup, ka djĕro pagulingan, tina kabudjěng disosi, sarta nampi panjaramna Sang Pandita.

38. Sang Putra Purnama Alam, diebogkeun dina katil, sartana tĕras dibuka, ku eta Sang Maha Rěsi, Rěsi ladjĕng ngalahir, saurna ginulur kalbu, mĕdal panjipta siang, měrwintji alaming lahir, lenggang padang

Purnama Alam I — 18