Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/276

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
274

ngalantung di pawěnangan.

39. Kitu saurna Pandita, ditungtungan tanghi-tanghi, teu lami Radja Pinutra, eling sarta kaget galih, gugah bari ngalahir, sarĕng dibarung gumuju, ieu aing di mana, geseh tinggal ti sasari, kawas-kawas lain di Bandjaran Karang.

Dangdanggula

1. Hanteu lami lungsur tina katil, larak-lirik bari těras lĕnggah, dina pramedani objor, majun ka Maha Wiku, hanteu pětot neuteup ningali, Pinutra ka Pandita, kaget lĕbĕt kalbu, lantaran nĕmbe patěpang, kawuwuhan saliring nu katingali, beda djeung sasarina.

2. Bari njaur salĕbĕting galih, teu samĕnit aing rarasan, naha geus sagala geseh, bieu eukeur tjatjatur, pasal surat ti Nji Pramanik, reudjeung ngaran Manetja, utusan Ratnaju, ajeuna bĕt ĕnggeus aja, dina ieu imah nu anjar pinanggih, sipat bangsa manusa.

3. Hanteu lami Sang Putra ngalirik, ka Manetja aja di gedengna, keur emok sĕmu ngadjogo, Radjaputra seug njaur, pribados teh leuwih teu ngarti, ieu teh na di mana, Manetja ngawangsul, kantĕnan lĕnggah, gamparan, kahiměngan dina salĕbĕting galih, dina waktos ajeuna.

4. Margi eta sanes guha tjandi, anu aja di Tolongtělěngan, tĕmpat Ginggi nu porenges, ieu mah anu estu, bumi Rěsi Komar Tohidi, Pandita Ragatoja, manusa satuhu, sanes bangsa djin siluman, tah nja ieu pajuneun gamparan tjalik, Pandita Ragatoja.

5. Radjaputra mariksakeun deui, naha saha anu boga lampah, nu mindahkeun ka paribados, Manetja seug ngawangsul, nu ngalihkeun jaktosna abdi, ti bumi Bandjarkarang, Guha Bungbungümur, dupi anu djadi marga, tina lintang reuwas ku gamparan tadi, njuuh lir kapidara.

6. Waktos eta sakalintang abdi, nandang reuwas sinarĕng salĕmpang, ku kasawat gamparan teh, tina kalangkung ngangluh, atuh pikir abdi teh risi, disangka ku sadaja, mantri Bungbungümur, abdi anu gaduh dosa, ngabinasa ka lĕnggah gamparan jakti, tangtos kitu sangkana.

7. Eta kitu anu djadi margi, pang dibantun ka dieu ajeuna, mĕnggah dampal gamparan teh, bade njuhunkeun tulung, ka kĕrĕsa Sang Maha Rĕsi, panawa ka gamparan, panduʻa nu makbul, ku margi eta paněda, mugi² gamparan sih pangaksami, kaabdi anu lĕpat.

8. Radjaputra ngadangu pawarti, ti Manetja langkung kaget manah,