Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/277

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

275

njaur salĕbĕting-raos, kutan aing teh kitu, ku djalanan lĕpas nja ati, ingêt ka pamadjikan, tuluj kapidangdung, leungit budi ilang akal, ku bawaning sumĕdot ka Nji Pramanik, taja daja upaja.

9.Barang eukeur Sang Putra migalih, Sang Pandita gumuju ngandika, Sang Anom muga waspaos, kadar Jang Maha Agung, titis-tulis geusan pinanggih, anu djadi lantaran, salamĕt rahaju, kaluar tina tjotjoba, jasa bidjil ti nagri Pusěring-bumi, guha Karangpanjiksan.

10.Titis-tulis nu narik walagri, anu mawa ka geusan waluja, bĕt ku sipat gěnděrěwo, dumugi jasa tĕpung, sinarĕngan ama pribadi, tina margina eta, ama ngiring nuhun, ka Gusti Allah taʻala, mĕnggah Agan sumping ka wiwitan tadi, mulang ka kamanusan.

11.Mugi ulah kahiměngan galih, dumeh hanteu samĕnit lamina, emut geus di dieu bae, eta kĕdah kasurup, kana galih anu sadjati, ibarat hampurana, Allah Anu Agung, ti dosa dugi hampura, teu karaos malah hanteu gĕntos měnit, ana geus diidjabah.

12.Radjaputra ngadangu pawarti, ti kěrěsa Rĕsi Ragatoja, tumungkul marga karaos, hanteu lami ngawangsul, sewu nuhun kang putra nampi, hibar panduʻa ama, geusaning rahaju, těrbuka kawiludjěngan, taja sanes tina galih wĕlas asih, ama ka diri putra.

13.Sang Pinutra sapandjang ngalahir, hanteu kěndat murubut tjisotja, ngemutkeun daradjat gěde, iasa deui wangsul, kana bali geusan ngadjadi, lĕmah tjai nu asal, lĕmbur geusan matuh, di dunja kamanusaan, Radjaputra něraskeun naros ka Rĕsi, putra teu atjan tĕrang.

14.Dupi ama ti mana saawit, sinarĕngan ieu palĕnggahan, nagri naon nu ngawĕngkon, Rěsi ladjĕng ngawangsul, wartosna mah tjeuk nu tingali, bawah nagri Banuja, amung langkung djauh, raratan ku anu leumpang, tudjuh dintĕn sanggĕm anu ahli², njaraba ka nagara.

15.Naros deui Pinutra ka Rĕsi, ama tĕrang ka nagri Riskomar, Pandita ladjĕng ngawalon, ama teh tatjan maphum, wartosna mah teu kira tĕbih, ka nagara Riskomar, upami didjugdjug, ku anu leumpang sabulan, hanteu lami Sang Putra ngalahir deui, atuh Putra teh sĕsah.

16.Hajang wangsul mo kiat ku tĕbih, dupi hĕnteu wangsul enggal, teu kiat mĕlang ka bodjo, Pandita mesěm njaur Kutan Agan kagungan rai, naha ka putra saha, Sang Putra ngawangsul, mĕnggah putra gaduh pisan, Nji Pramanik putrana djĕng rama Rêsi, Pasantren Gurangsarak.

17.Palangsiang teu aja di nagri, Kasangsara marga taja putra, ngalolos teu puguh nja los, dupi ka ama Ratu, pikir putra hěnteu kumait, bubuhan pangkat Radja, kalampud ku agung, djĕmbar lebar pangawasa, hěnteu kĕdah dipimĕlang dipiati, roa rengrenganana.