Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/278

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
276

18. Kitu saur Sang Nurasadjati, katjaturkeun Pramanik harita, tĕngah bumi tjalikna teh, hěnteu tiasa asup, ka djro kamar margi disosi, atuh teu jasa ningal, da pantona nutup, teu tĕrang saha-sahana, nu ditjandak tjarios ku Maha Rěsi, bantunna Nji Manetja.

19. Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, ka Manetji sarĕng ka Pursita, mariksa mung ku harewos, tina inggis kadangu, ku kěrěsa Sang Maha Rĕsi, nu di kamar teh saha, Pursita ngawangsul, duka abdi hěnteu tĕrang, mung manawi nu digulung tea tadi, bantunna pun Manetja.

20. Sang Pramanik linggihna teh ngalih, kana deukeut panto lawang kamar, něgěskeun anu tjarios, Pursita ge nja kitu, sami ngintip di sisi bilik, maksadna hajang tĕrang, kana gěntra tamu, tatapi teu hawar2, ukur wungkul gěrěnděngna nu kakuping, ku nu aja di luar.

21. Amung aja nu sidik kakuping, wireh rada kawas kalĕpasan, anu tjarios di djĕro, dina waktu keur njĕbut, langkung mĕlang ka Nji Pramanik, sieun ngalolos luas, ngapruk hěnteu puguh, Dewi Pramanik kalintang, ngarendjagna tina aja nu milahir, njĕbat wasta andjeunna.

22. Hanteu lami garwana Sang Rĕsi, tina djĕro kamar ngagěntraan, Pursita ulah talangke, urus-urus di dapur, njajagikeun anu utami, Dewi Pursita tĕras, popolah di dapur, ari Dewi Pramanik mah, ampar-ampar beberes di těngah bumi, amung andon sukana.

23. Tatapina Sang Dewi Pramanik, dina manah tatjan aja tĕrka, nu di kamar teh Sang Anom, sartana hěnteu suwung, ngaharewos ka Nji Manetji, tjobi masing pěrtela, ku Endang teh rungu, nu ngomong di djěro kamar, njěbut² ngaran Nji Dewi Pramanik, kawas djalma nu těrang.

24. Hanteu lami těras tjalik deui, Sang Pramanik deukeut panto kamar, rek němpo taja nu kohok, Sang Dewi tambah husu, ngadangukeun ka nu wawarti, awas kana gĕntrana, lir gĕntra Sang Sunu, Dewi Pramanik nambahan, panasaran ku hajang geura ningali, ka anu boga sora.

25. Tjatur deui: Sang Nurasdjati, seug undjukan ka kĕrsa Pandita, panuhun putra pribados, manawina kasapuk, sarĕng galih ama sajakti, putra ku hajang enggal, ka Riskomar wangsul, amung moal ka nagara, bade těras ka kěrĕsa ama Rĕsi, pasantren Gurangsarak.

26. Bilih bae pun Dewi Pramanik, hanteu aja di kota Riskomar, numawi ka pasantren teh, Pandita ladjěng njaur, hal pěrkawis Agan migalih, lělěb ku kaabotan, kamělangan kalbu, ka garwa marga patilar, mung emutan pun paman anu sajakti, pamugi ulah waka.

Z7. Waktos ieu kana hojong mulih, paman bade aja pamaksadan, tawis ngiring bingah hate, sumědja turun kaul, tina margi parantos nampi,