Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/279

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
277

pasal kawiludjĕngan, tĕrbuka rahaju, kaluar ti kahemĕngan, maksad paman babakti ku geusan pulih, ilang bingbang kamĕlang.

28. Radjaputra ngawangsulan deui, raos putra mĕnggah kaajaan, di dunja mah rugĕl bae, bade landong panglipur, ku emutan ka Nji Pramanik, nadjan wilanganana, ditumbu disambung, ku pĕdaran ti sawarga, waktos ieu teu aja pangintĕn teuning, ilang di kamĕlangan.

29. Malah² emutan nu tigin, saupami dikadar ku Allah, diri putra nu sajaktos, moal deui patĕpung, sinarĕngan Dewi Pramanik, di alam kalahiran, putra mah nunuhun, lĕbih njorang baja wapat, djeung tinimbang lara ku ririwit ati, anu taja sehatna.

30. Tjatur deui Sang Dewi Pramanik, beuki tĕgĕs ka saur Sang Putra, manah wuwuh ratugna teh; ari rek maksa asup, hěmar-hěmir aringgis lain, tungtungna samar polah, sagala teu tjutjud, lĕnggah ngaděg hěnteu bětah, sarta bari garetek lĕbĕting galih, ku teu geura kaluar.

31. Těras tjalik dina pramedani, dina lawang kadjuaranana, Dewi Pursita norodjol, ka Sang Dewi piundjuk, sarta gĕntra ditarik-tarik, wantu nu gerewegan, tara alon saur, gamparan abdi wurukan, papasakan bangsa tuangeun bopati, abdi hajang tiasa.

32. Sang Pramanik imut djeung ngalahir, poho deui da puguh geus lila, teu djadi urang karaton, ku atjeuk teu kaemut, da keur naon sanadjan radjin, mungguh diri atjeuk mah, da puguh geus suwung, anu pituangeunana, asal leungit musna teu kapěndak deui, ti djro karang kaputran.

33. Eta kitu walonna Pramanik, gěntra tarik gumentjrang ka kamar, ngoredjat Pangeran Anom, ngadangu eta saur, sarta sidik soara istri, kaget Pangeran Putra, dina lĕbĕt kalbu, ku sada gěntra garwana, sarta njĕbat leungit musna tanpa lĕbih, ti djro karang kaputran.

34. Radjaputra hěnteu gĕnah tjalik, larak-lirik ari rek ka luar, aringgis awewe sanes, ku Sang Wiku kamaphum, putra-putri jen kitu galih, narandang pakagetan, Pandita seug njaur, madjar maneh leungit musna, puguh oge ukur kahalangan bilik, ditěmpo oge awas.

35. Sang Pinutra nguping saur Rĕsi, geus kamanah silib ka andjeunna, jen bieu nu njarios teh, ku Sang Putra katulup; tangtu garwa Dewi Pramanik, bawaning teu kawawa; teu-isin ku Wiku, ngodjengkang bade kaluar, sarta těras gerendel panto ditarik, barang braj hanteu samar.