Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
29

Gurangsarak, sabab aing hanteu sudi, boga minantu miskin, sia anu boga laku, ngadukeun Ki Purnamam ngawuwudjuk sina kawin, ka awewe anu lain pĕrĕnahna.

  1. Djamus hanteu ngawangsulan, ngadegdeg ngĕluk ku isin, sarta bawaning ku reuwas, Djamus nendjo Kangdjĕng Gusti, teu karasa wer kiih, ari indit djĕmblong budjur, ngalahir deui Radja, ka Raden Aria Patih, sarta wĕra bawaning pusing ka putra.
  1. Kieu bae ajeuna mah, si Purnama ku Ki Patih, reudjeung eta si Kania, dibawana ti Pramanik, kudu rante ku Patih, sabab tutur hanteu nurut, niwaskeun ngawiwirang, lir lain anak Bopati, njieun tata tjurang ati kasetanan.
  1. Patih njĕmbah ngawangsulan, rebu-rebuning pamugi, pěrkawis eta dawuhan, sakalintang abdi Gusti, mĕnggah ka putra Gusti, teu sanggĕm dugi ka kitu, midamĕl parantean, bilih kasurak kawarti, kirang titi hukuman sanes pĕrĕnah.
  1. Nadjan Dampal Gusti hakna, nu kagungan sipat adil, sadaja-daja hukuman, mung Gusti lintang tingali, ku margi putra Gusti, kasĕbat ipukan Ratu, djadi balukar sangar, mĕnggah nu djadi Bopati, hanteu sae bĕkasan ti parantean.
  1. Barang ngadangu Sri Nata, kana piundjukna Patih, djumĕngok hanteu ngandika, tina lĕbĕt kana galih, raos bĕnĕr teh teuing, sapiundjuk Patih kitu, djeung hantĕm dimanahan, tina taja putra deui, anu baris ngaraton nagri Riskomar.
  1. Teu lami ladjĕng ngandika, ĕnja běněr kitu Patih ngan ajeuna tekad kakang, hanteu ngaborongkeun Patih, supajana lastari, malar teu tuluj tumuluj, bodjoan ka Kania, sabab kakang leuwih risi, sarta era ku Ratu nagri Ambarak.
  1. Poe isuk Patih iang, ka pasantren Paramanik, Arja Patih ngawangsulan, njumanggakeun ka Djĕng Gusti, sarta teu lami pamit, bade mulih ti kadatun, Djĕng Ratu ngawidian, těras Arja Patih mulih, ti karaton ngadjugdjug ka kapatihan.
  1. Sri Maha Ratu Riskomar, gunĕman saur di puri Sarĕngan Parameswara, Sri Maha Ratu ngalahir, tjoba ku Njai pikir, Purnama Alam bĕt kitu, ajeuna geus bodjoan, ka anak Wiku Pramanik, djeung tinimbang daek ka Putri Ambarak.
  1. Tah ieu suratna watja, ĕngkang mah bingung teh teuing, kuma’ pimanaheunana, Sang Ratu Ambarak nagri, sabab ĕngkang geus djangdji, maksud kana mulung mantu, loba ge nu ngalamar, ku Kaswati teu ditampi, da ngingětkeun subaja panjangtjang urang.