Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
30
  1. Ahir bět kieu buktina, matak era matak risi, Meswari seug ngawangsulan, bari tjumalimba nangis, lah teu ku hanteu teiung, matak rempan matak bingung, hanteu tjara nu lian, boga anak-hanteu djadi, lara ruksak ngagěringkeun pipikiran.
  1. Naha kumaha nu matak, Ki Purnama purun ati, ngawin anak Wiku Kurbah, kapan adatna teh geuning, tampikan leuwih-leuwih, djeung taja bedjana latjur, tapi ajeuna naha, udjug-udjug boga rabi, ka awewe anak nu lain lajakna.
  1. Siga kumaha rupana, si Kania anak Rěsi, anu matak Ki Purnama, bogoheun djeung tuluj ngawin, Ratu ladjěng ngalahir, tjing tjoba si Djamus saur, tanjakeun sing pěrtela, nu matak dipikasudi, si Kania mungguh ku Purnama Alam.
  1. Hanteu lila Djamus dongkap, ngadeuheus ka pajun Gusti, tapi ngagidir awakna, tjara nu muriang badis, sieun ku Kangdjěng Gusti, ladjěng Sang Sri Maha njaur, tjoba Djamus ku sia, sěbutkeun masingna sidik, sakumaha pangaděg Dewi Kania.


Pangkur

  1. Sabab aing leuwih heran, ku dunungan sia anu keur njantri, naha mana djadi kitu, kabongbroj ku Kania, palangsiang Purnama Alam didujung, digěndam ku si Kania, reudjeung ku Wiku Pramanik.
  2. Djamus njěmbah ngawangsulan, hal pěrkawis pamariksa Djěng Gusti, abdi Gusti lintang ewuh, bade undjuk uninga, tina margi rupi eta Putri Wiku, kemutan abdi Gusti mah, wangkid ajeuna sajakti.
  3. Tina kasaeanana, ku emutan sěsah ngilari tanding, seuweu somah putri Ratu, anu sami geulisna, abdi Gusti wantun sumpah taruh umur, raos kana moal měndak, nu geulis lir Putri Rěsi.
  4. Kangdjěng Gusti Sri Nalendra, ngadangukeun langkung kaget panggalih, ku piundjukna Ki Djamus, něrangkeun Sang Kania, jen pinundjul geulisna meakkeun batur, Djěng Ratu patingal-tingal, sarěng Sang Parameswari.
  5. Tapi hanteu kalis manah, pusingna mah hanteu lipur saeutik, tina langkung hanteu rudjuk, ka Sang Dewi Kania, nadjan geulis da lain těrahing Ratu, sok tara sikěp di medan, kitu manah Sang Narpati.
  6. Pandjang lamun ditjarita, wawartina Radja djeung prameswari, gantjangna anu ditjatur, kotjap poe isukna, Arja Patih sarěng mantri