Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32
  1. Sang Radjaputra ngandika, lamun kitu Njai ka ěngkang nuding, djuru kawudjuk ku batur, tukang murahan talak, ngantjam-ngantjam kana papisah padjauh, padahal ěngkang teh mohal, tega luas nilar Njai.
  1. Nadjan rama saupama, ka ěngkang teh běndu langkung ti misti, dumeh asal běngal laku, něpi kana nundungna, tina hanteu do'a ka salira Ěnung, da ěngkang mah dibelaan, lunta ka sedjen nagari.
  1. Gantjangna ieu tjarita, katjaturkeun Rahaden Arja Patih, ka pasantren ěnggeus tjunduk, sarěng mantri sadaja, sarta nudju ka bumina Maha Wiku, Sang Rěsi langkung kagetna, ningal Arja Patih sumping.
  1. Muru sarta mamandapan, Raden Patih barang ningali Rěsi, tina kuda enggal lungsur, sarta ladjěng mundjungan, sami hurmat duanana pada děku, ari sabadana těras, luměbět ka djěro bumi.
  1. Djeung gantjang nu tatan-tatan, djěro bumi dilampud ku alkětip, keur baris tjalik tatamu, Arja Patih geus lěnggah, kitu deui para mantri djaga satru, ngaberes di djěro lěnggah, marando pajuneun Patih.
  1. Sang Wiku Muhamad Kurbah, ngadeuheusan mando tumungkul isin, wantu kakara saumur, kalinggihan Aria, atuh mani ngadegdeg sagala gugup, samar polah samar ragap, marga kalampud ku isin.
  1. Aria Gundara Patya, ningalian palataran Pramanik, langkung kaget djěro kalbu, ku rasmi palataran, sumawonna ningal tata bumi Wiku, tina sakitu beresna, Patih teh mudji binangkit.
  1. Sartana těras ngandika, ka Sang Rěsi sarta pasěmon manis, kaula teh něda ma'lum, datang hanteu ngiběran, tina sabab kadjurung ku hajang těpung, hanteu ngantjam ti tadina, indit ti nagri teh ras djig.
  1. Sarěng mana Sang Purnama, kaula teh ku hajang geura panggih, Sang Rěsi ladjěng ngawangsul, putra di patamuan, saur Patih atuh geuwat² saur, hanteu lami Wiku Kurbah, miwarang njaur ka santri.
  1. Těu lami Pangeran Putra, sarěng rai Sang Dewi ěnggeus sumping Dewi Kania ka dapur, ngabudjěng masang-masang, ngan Sang Putra luměbět ka bumi těrus, ka Raden Aria Patya, sampojong tindak nu isin.
  1. Tjalikna Pangeran Putra, hanteu těbih sarěng Aria Patih, ngan hanteu sirik dilahun, tina Aria Patya, langkung-langkung sono ka Pangeran Sunu, wuwuh langkung diogona, Purnama ku Arja Patih.
  1. Sarta teu lami mariksa, madjar Raden ěnggeus kagungan rai, ka putrana ieu Wiku, tjing tjoba anu mana, garwa Raden ama hajang geura maphum, da ama mah tatjan těrang, bisi kasamaran ati.