Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

  1. Dewi Kania teu lami, těras bae ngadeuheusan, barang ret Patih teh kaget, ningal ka Dewi Kania, tina langkung geulisna, dumugi kana ngarandjug, Rahaden Aria Patya.
  2. Njaur salěběting galih, mudji ka Dewi Kania, aeh-aeh kutan hade, teu njana kieu rupana, aing kakara měndak, geulis mulus tjara kitu, leuwih ti putri Ambarak.
  3. Lain titi bangsa kuring, lain tindak sipat somah, kewěs legeg ti kaputren, atuh mun kaja kieu mah, lěbar mun ka nu lian, hanteu surup mun ka batur, ninggang ka rupa Purnama.
  4. Mantri-mantri kitu deui, naringal ka Sang Kania, sami harookeun kaget, pada njěbat masa Allah, kutan leuwih endahna, pamudji sadaja kitu, ka rupi Dewi Kania.
  5. Teu lami Aria Patih, ngandika ka Sang Pinutra, eh Raden satěrangna teh, anu matak ama datang, maksud dua pěrkara, sahidji dawuhan Ratu, Raden teh kudu dilajad.
  6. Tina sabab Kangdjěng Gusti, ěnggeus nampi sěrat tea, ti Raden undjuk waspaos, jen Raden parantos nikah, ka Nji Dewi Kania, dawuhanana Djěng Ratu, kudu diteang ku ama.
  7. Sarta upama geus sidik, jen Raden parantos nikah, timbalan Kangdjěng Pagusten, kudu ngalih ka nagara, Raden sarěng geureuha, kěrsa teu kěrěsa kudu, ajeuna barěng djeung ama.
  8. Kadua pěrkara deui, tina ěnggeus kalilaan, ama hanteu pisan amprok, diitungna tudjuh bulan, leuwihna kasonoan, tah kitu mu matak tjunduk, katambah meunang timbalan.
  9. Purnama Alam teu lami, ngawangsul ka Arja Patya, měnggah abdi nu sajaktos, amung sumědja ngiringan, kana dawala ama, mung abdi gaduh piundjuk, měnggah ka kêrêsa ama.
  10. Kitu ge manawi idin, wirehing abdi ajeuna, rumaos pisan kamandjon, kana sugri paladjaran, upami enggal-enggal, ti dieu ka nagri wangsul, kanděg kana papahaman.
  11. Manawina ěngke deui, satahun deui lamina, nětěskeun nu tatjan ngartos, Aria Patih ngandika, ulah sok bědang manah, keun bae da ěnggeus tjukup, Raden sagala kajasa,
  12. Kitu deui saupami, hajang kěbat ngaos kitab, di nagri ge matak

Purnama Alam I — 3