Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

45

ieu Nji Kania teh, Ki Purnama tinangtu, kaedanan moal sak deui, ku ieu Nji Kania, djadi moal runtut, reudjeung Nji putri Ambarak, kaduana sanadjan pikiran aing, njaah ku Nji Kania.

19. Tina rupa sakieu nja geulis, estu pantěs ka Purnama Alam, aing hanteu bisa mojok, estuning nurub tjupu, tapi mugi ka Maha Sutji, rai Ratu Ambarak, manahna sing luntur, agěng-agěng nja timbangan, kedi kana ngabědokeun Nji Kaswati, ka Ki Purnama Alam.

20. Ngan supaja ulah djalan aing, miheulaan ngabědokeunnana, Purnama ka Kaswati teh, manahna Ratu kitu, sarta hanteu lami ngalahir, ka putra Sang Purnama, dibarung gumuju, nja ari rasa ama mah, patut oge ku udjang dipake rabi, ieu Njai Kania.

21. Sarta ama doa lahir batin, ngan ama teh mere pěrdjangdjian, sing kaharti ku maraneh, sabab ama nu estu, arek menta tilu pěrkawis, ka Purnama Kania, noměr hidji kudu, ulah ngusutkeun nagara, kaduana ulah njusahkeun praabdi, reudjeung para kapala.

22. Katiluna poma-poma teuing, masing bisa ngadjaganing baja, ama ibu djeung maraneh, ama djangdji sakitu, sarta titip masing kadjaring, lamun něpi ka bisa, lulus nu sakitu, Ki Purnama djeung Kania, tangtu mulus lambat-lambut laki-rabi, něpi ka djadi radja.

23. Tapi lamun teu bisa ngadjaring, kana pasal nu tilu pěrkara, sumawon djadi narpatos, laki-rabi ge tangtu, moal lambat těrkadang manggih, kanjěri djeung balangsak, di mana nu timbul, tjilaka salasaurang, di awewe atawana di lalaki, dina ahiring mangsa.

24. Radjaputra ngupingkeun panglahir, wantu-wantu anu seukeut manah, udjug-udjug djol kahartos, balukar eta saur, hanteu lami njěmbah ka Gusti, barina ngawangsulan, pěrkawis pangdawuh, abdi Gusti nampi pisan, klajan sanggěm ngadjaring ing siang-wèngi, kana pěrkawis eta.

25. Amung mugi měnggah dampal Gusti, lědjar galih masihan pangduʻa, ka abdi Gusti supados, wiludjěng anu estu, mugi-mugi kana dumugi, abdi Gusti tiasa, ngaběndung kaewuh, ngadjagi bok pantjabaja, sakumaha anu didawuhkeun tadi, nu tilu pasal tea.

26. Maha Ratu gumuju ngalahir, ka Pinutra udjang sukur pisan, aja pasanggupan hate, kana ngaběndung bingung, sakumaha anu diwarti, tadi ku ama tea, anu pasal tilu, sarta sukur djol karasa, satěgěsna kadjudi djěroning ati, pibalukareunana.

27. Sarta titip djaring beurang-peuting, ku Purnama djeung ku Nji Kania, kade ulah tjarampoleh, pek ajeuna sing djunun, něda-něda ka Maha Sutji, teu njorang eta pasal, sing lulus rahaju, udjang djeung Njai Kania, ngadjatnika tjitjing tětěp sěnang ati, di bandjaran kaputran.