Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

46

28. Hanteu lami Sri Maha Narpati, saparantos njaur těras djěngkar, ti kaputran ka karaton, nu ngiring Maha Ratu, mantri-mantri kapala nagri, gulang-gulang, patjara, sarta djuru-pajung, gurilap kuning lajungan, sakumaha rupi padjêng kanarpati, matak serab nu ningal.

29. Barang sumping Sang Ratu ka puri, geus patĕpang sarĕng Prameswara, di djêro gĕdong karaton, Prameswari piundjuk ka Djĕng Ratu kumaha sidik, rupina pun Kania, naon nu teu surup, atanapi kutjiwana, Säng Narpati imut sartana ngalahir, ka rai Prameswara.

30. Lah rupa mah bĕnĕr leuwih geulis, waktu ieu mustikana rupa, pantês bodjo Purnama teh, ngalantung di kadatun, njěpěng puri djadi meswari, samalah rasa kakang, balikanana lamun, tulus Ki Purnama Alam, ka Kaswati, asup ka basa kiwari, leuwih-leuwih nja ningnang.

31. Tapi ĕngkang pikir taja deui, ngan pamuga Sang Ratu Ambarak, pulur manah ngadjak bědo, supajana tumuluj, lambat-lambut nja lakir-abi, Purnama ka Kania Meswari ngawangsul, ka raka Sri Maharadja, abdi oge taja sanes nu dipikir, amung sakitu pisan.

32. Jaktos pisan Nji Kania,kuring, somah miskin tur urang padesan, kadjeun dapon- hade legeg, sartana alus patut, nadjan eta ku hanteu kenging, pajung kameswaraan, Kania ka pajun, dumeh ku sanes turunan, nja keun bae margi salakina ngarti, baris madjukeunana,

33. Gantjangna teh iĕu nu digurit, saparantos Sri Maha wawarta, tĕtĕp lungguh di karaton, Sang Pinutra katjatur, di kaputran sarĕngan raji, Njai Dewi Kania, taja nu disaur, mung timbalan Ratu tea, hanteu lami Pinutra těras ngalahir, tjoba Njai kumaha.

34. Geus kaharti saur rama Gusti, anu tadi nu tilu parkara, imut Kania ngawalon, raos abdi piraku, hanteu ngartos ka saur Gusti, pibalukareunana, mung rebu panuhun, gamparan tong sĕmang manah, nindih pati njorang baja ulah gimir, nja kumaha ahirna.

35. Marga djamak nu ngalarap hurip, ngalantungan alam pawĕnangan, wĕnang awon wěnang sae; nuturkeun ombak hirup, Radjaputra imut ngalahir, nadjan Engkang teu pisan, bingung ku sakitu, nindih pati njorang bahja, hanteu gimir djalanan bela ka Njai, djamak nu keur anom mah.